SABULANG BENTOR: Cikaracak Ninggang Batu, Laun-laun Jadi Legok

29 Maret 2023, 08:00 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Sakumaha kaungel dina katerangan, di luhur langit aya deui langit. Memang bener aya kasebutna tujuh lapis langit tea.

Eta kalimah sok dipake babasan, ngandung harti masing sakumaha ngajagona hiji jalma angger aya nu leuwih ngajago deui nu saluruheunana.

Atuh boh dina widang kalungguhan, kagagahan, kapinteran pon kitu dina sual kadunyaana sejenna.

Baca Juga: Mau Tahu Waktu Buka Puasa dan Jadwal Salat di Wilayah Kabupaten Kuningan Hari Rabu 29 Maret? Ini Jadwalnya

“Ngan nya kitu di urang mah anu kasebut di luhur langit aya langit teh sok dikiaskeun kana kakuatan lahir wungkul.

Upamana bae, nu teuas peureupna sok dipikasieun da teuasna seluhureun.

Pon kitu nu jenuk baladna sok diperhitungkeun, nu gede hoakna sok diperhatikeun jeung sabangsana.

Baca Juga: Memperpanjang SIM Tidak Perlu ke Polres, Jadwal Layanan SIM Keliling di Wilayah Kabupaten Kuningan

Aya deui nu gede mere duitna sok dinomer hijikeun, jah...,” omong Mang Suadma.

“Maksadna kumaha eta cariosan teh, Mang?” tanya Si Otong, api-api teu ngarti.

“Heueuh ngahartikeun eta babasan teh ukur diukur ku kakuatan lahir wungkul,” jawab Mang Suadma.

Baca Juga: Ketika Kondisi Darurat Warga Kuningan Bisa Menghubungi 10 Nomor Telepon Penting, Ini Daftarnya

“Oh... eta anu dimaksad ku Mamang teh. Manawi parantos lumrah upami aya jalmi gaduh kasieun kunu dianggap gaduh kakiatan saluhureunana,” jawab Si Otong.

“Cek kaula mah anu boga kasieun samodel kitu ukur nenjo ku kacamata kuda.

Heug-heug bae boga pamadegan samodel kitu, diluhur langit aya langit memang bener, ari dihandapeun langit aya naon?.

Baca Juga: Pemda Kuningan Launching Program Desa Sahabat Kusta (Desaku)

Tah eta anu can kapikiran ku para petinggi, sabab nu ditenjona ukur langit bae, dihandapeun langit mah dianggapna taya naon-naon,” cek Mang Suadma.

“Aya kituna nya Mang pamadegan jalmi teh, da buktosna dihandapeun langit oge aya (malah seueur) nu gaduh kakiatan.

Tapi seuseueurna jalmi anu dianggap taya nanaona, dianggap sapele, dianggap teu gaduh pangaruh, dianggap bodo.

Baca Juga: Bupati Kuningan Harus Menghilangkan Isu Kubu-Kubuan di Kalangan Birokrat dan Sekda Mesti Netral

Tara rea omong, papada ngomong ukur sabedug sakali bari jeung kiceupna ge dibantuan laleur jiga nu teu walakaya, tara sok dipalire.

Da dianggapna aya dina sahandapeun dampal sukuna, padahal eta jalmi anu dianggap remeh tiasa bae gaduh kamampuan anu kawilang dahsyat,” omong Si Otong.

“Ke... ke... ke... andika ngomong teh rada jero pihartieunana. Kaula ngarti Tong.

Mun diibaratkerun, najan beusi boga kakuatan elehna bisa bae lain diadu jeung beusi deui. Bisa bae beusi beton anu sakitu tohagana bisa rungkad ku cai.

Pon kitu cai oge bisa keplok salaut lamun ditiup ku angin topan, padahal angin jeung cai teu kaasup barang teuas.

Tapi buktina boga kaunggulan masing-masing,” walon Mang Suadma.

“Tah geuning Mamang cerdas, leres pisan eta teh. Bongan nu aya di handapeun langit teu diperhitungkeun!” cek Si Otong.

“Atuh heueuh, apanan dina sutin oge curuk eleh ku jempol, jempol (gajah) eleh ku cinggir (sireum).

Pon kitu sireum eleh ku jalma (curuk), tapi sireum mah ari ditincak-tincak teuing apanan bisa keneh ngegel.

Numatak ulah nganggap remeh, pedah aya dina handapeun dampal suku urang.

Ulah edeg, pedah boga kakawasaan, atawa boga rasa aing uyah kidul.

Geuningan batu anu sakitu teuasna bisa eleh ku cai anu ngeclak.

Aya dina paribasa, cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok.

Aya cakcak dina huntu laun-laun mah dilebok (ku cakcak), ha ha ha,” cek Mang Suadma, bari seuri ngabarakatak. (Kang Emsul/KC)

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler