SABULANG BENTOR: Sukses Keur Sorangan Keur Baturna Endi?

- 3 Maret 2023, 08:00 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Anu kasebut sukses umumna ukur mandang tina pangaboga, tahta, jabatan (kalungguhan) jeung sajabana anu sipatna dumasar kana kadunyaan.

Sabalikna, jalma anu hirupna basajan (saderhana), tapi anakna saroleh/solehah, ngaji ngabakti ka indung/bapa, hade ka sasama tur picontoeun balarea, arang langka anu nyebut sukses ka eta jalma.

Kagila-gila teuing, anu didelehna teh ukur haliah dunya bae, sugan gundam jalmana teh? “Saha nu gundang Mang? Abdi asa teu rumaos gundam sapertos anu disebat tadi ku Mamang!” omong Si Otong.

Baca Juga: SABULANG BENTOR: Dipangkas-Repokusing-Rasionalisasi = Dikurud

“Lain kaula nuduh gundam ka andika, ngan jenuk (rea) nu matana tibalik atawa kapeureupeunan lamun nenjo kana hiji perkara anu sipatna dhohir (nilik kana urusan lahir),” cek Mang Suadma.

“Oh.... kitu, manawi atuh Mang. Da alam kiwari mah memang sapertos kitu. Upama ningali jalmi seueur pakayana, luhur jabatanana, rea hartana tur seueur dunya baranana, tangtos disebat jalmi sukses,” cek Si Otong.

“Da memang heueuh, rereana anu kasebut jalma sukses teh ditilik tina haliah kadunyaan bae. Ningali jalma bener nu hirupna teu hurung ragumang ku harta banda disebut biasa-biasa, malah sok diangap sapele,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: Sabulang Bentor, Tunda Bayar Ulah Lila Teuing Ditundana

“Leres pisan Mang, karaos ku abdi. Damel di kantor teu gaduh jabatan, pon kitu dongkap ka tempat kerja cekap kunaek angkot, atanapi ngadaplak jalan kaki, dianggapna meureunan eta jalmi taya pangaboga.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x