Sabulangbentor: Ngudag Gajih Gede Atawa Nyalametkeun Perusahaan?

- 13 September 2023, 18:34 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Saha jalmana nu embung jenuk duit, ngabadeg pakayana jeung seterusna. Cek dina basa kirata (dikira-kita tapi nyata), kangaranan jalma tacan jejel mah can sampurna. Aya kasebutna lamun nginum cai laut, tambah seubeuh beuki halabhab (haus).

Tah kitu sipatna manusa teh, moal aya seubeuhna salagi tacan nyanghulu ngaler mah, sabab mun geus boga sadeupa hayang tilu deupa jeung saterusna.

“Maneh hayang beunghar Tong? Cik atuh kaditu ihtiar, sugan we urang teh kaparengkeun jadi calon direktur,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Pelanggan PAM Tirta Kamuning Kuningan: Airnya Keruh, Kok Bisa Diminum

“Ke....ke.... ke... jol-jol nawisan kedah ngiring daptar janten calon direktur? Asa teu ngimpi-ngimpi acan, teu gugur teu angin, abdi kedah janten calon direktur?” tanya Si Otong, kaget.

“Jeh.... nyaneh mah ari aya peluang teh lain dimangpaatkeun, sugan we aya jurig tumpak kuda,” jawab Mang Suadma.

“Sararieun teuing, abdi saupamina kadongkapan jurig tumpak kuda. Mangga kanggo nu sanes bae,” jawab Si Otong, jiga nu ginggiapeun.

Baca Juga: Ribuan Mahasiswa Baru Universitas Kuningan Ikuti PKKMB Tahun 2023

“Lain kitu Tong, andika mah kudu disundakeun bae ari ngomong teh kawas lain intelektual, jah... andika mah!” tembal Mang Saudma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x