Sabulangbentor: Udaganana Ngadidik Anak Sangkan Soleh & Solehah

- 6 Oktober 2023, 17:57 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Da baheula mah wali murid teh rea jalma barodo, malum urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah, estu salawasna hirup di pilemburan anu jararauh ka puseur dayeuh. Pon kitu nu jadi guru jaman harita, paling banter ukur tamatan SGB atawa SGA, gelarna oge teu BA-BA acan. Pon kitu bangunan sakolana ukur titinggal Walanda, aya oge hasil swadaya warga desa, pon kitu alat-alat diajarna, estuning basajan (saderhana) pisan.

“Kualitas pendidikanana jaman harita kumaha Mang, upami kondisina sapertos kitu naha tiasa maju?” tanya Si Otong. “Mamang lain agul, najan kolotna (wali murid) rereana jalma biasa-biasa bae pon kitu nu ngajarna oge teu sakola luhur saperti alam kiwari, tapi ajen (kualitas) pendidikan jaman harita teu eleh geleng ku jaman kiwari!” jawab Mang Suadma.

“Nu leres Mang, piraku tiasa kitu?” Si Otong, bangun panasaran. “Andika mah jiga nu teu percaya, ajen pendidikan jaman harita kawilang hade, barudakna saroleh/solehah. Atuh murid ka guru teu weleh tuhu, anak ka kolot kacida hormat, silih ajenan kumaha kanu sapantar, kanu sahandapeun sumawona leuwih hormat kanu saluhureun,” cek Mang Suadma, ngagulkeun mangsa harita.

Baca Juga: 8 Desa Menjerit Kesulitan Air, BPBD Tampil Menanganinya dan Perusahaan Charon Pophan pun Ikut Berpartisipasi

“Kumaha tiasana kitu teh Mang? Apanan sarana pendidikan nu aya di sakola jaman harita estuning serba walurat, bade kumaha ngaronjatkeun ajen pendidikanana, saupamina kondisi kahirupan jaman harita hirup serba kakurangan?” tanya Si Otong. “Andika teu percaya, hayang nyaho buktina?” Mang Suadma, semu ambek.

“Punten Mang, abdi sanes cangcaya, namung anu dipikareueus tina hasil pendidikan harita sapertos kumaha?” tanya Si Otong. “Andika mah sok nganggap rendah ari ka jalma teh. Bisi teu percaya, tuh nu ayeuna jaradi pamingpin nagara, direktur BUMN, BUMD pon kitu direktur swasta sejenna, katut tokoh agama jeung saniskara pelopor bangsa, apanan eta teh hasil atikan reujeung didikan jalma baheula!” jawab Mang Suadma.

“Leres oge nya Mang karaos ku abdi, ayeuna mah ngadidik murangkalih teh rada angel. Apanan putra urang ge upami dipiwarang ngapalkeun kalah ka ngalun (ulin), dijujurung solat kalah ka minggat, dipiwarang dikir kalah ka ngacir, ampun Gusti….!” Walon Si Otong. “Tah.. geuning karasa ku anak ente oge nya?” tanya Mang Suadma. “Leres pisan Mang. Kumaha carana supados kagungan budak soleh/solehah, cerdas, takwa sareng terampil?” tanya Si Otong.

Baca Juga: Perbup PAM Tirta Kamuning Bisa Dicabut oleh Bupati Kuningan, Ini Cara Pembatalannya

“Enteng atuh Tong hayang boga anak soleh/solehah mah, dina mere parab ka turunan urang ulah ukur bergiji, tapi meunang timana, ku cara halal atawa haram. Apanan cek agama oge ari anu didahar ku urang teh kudu halalan toyyiban (halal tur hade menuna).

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x