Sabulangbentor: Etah Geuning, Teu Gagal Bayar Ieuh....?

- 22 Desember 2023, 06:35 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Sandiwara gagal bayar lalakonna kiwari meh lekasan (ngamimitian anggeus) . Atuda rek naha deui, sakirana bisa diakalan mah, ulah dibarengan jeung ekol antukna gagal bayar beuki ngayayay, cek kasarna.

Geus kitu tea we sagala ge aya waktuna kudu tamat eta lalakon gagal bayar teh, buktina ditarekahan mah teu hese-hese teuing. Harese soteh meureun bae dihese-hasekeun dan buktina karek sabaraha poe ditarekahan ku nu ngabantuan teu gugur teu angin bisa kabayar.

“Tos atuh Mang, ayeuna mah teu kedah dikembangkeun pasualan gagal bayar teh. Ayeuna kalawan intruksi pejabat anu gaduh wewenang tos tiasa dicairkeun. Kanggo abdi mah jalmi alit, anu pangalana pas-pasan lebah aya wartos tiasa dicairkeun asa katumbu umur,” cek Si Otong, saking bungahna.

Baca Juga: Karateka SMK Karnas Kuningan Raih Medali Emas Kejurnas BKC Gashuku Cup Tahun 2023

“Atuh heueuh, najan Mamang lain pagawe ari ngadenge tunjangan bisa dicairkeun asa milu bungah. Sugan we atuh ari andika geus nampa duit tunjangan sakitu bulan ayeuna bisa katampa, apanan Mamang ge meureunan bakal kacepretan keur meuli bako, nu penting ngebul,” omong Mang Suadma.

“Leres Mang, abdina doakeun bae mugi-mugi tunjangan sagemblengna tiasa dipoldanan sadayana najan kantun sakedik deui. Pamugi sasih payun tiasa lunas sadayana,” tembal Si Otong.

“Amin Tong, muga-muga ulah aya gagal bayar deui. Da ngadengena teh matak rudet, ceuli asa gagangan ku eta pasualan gagal bayar teh. Cacakan Mamang rayat kuricak, di tembur ge teu RT-RT acan, tapi ari ngadenge tunjangan can kabayar teh asa menit, mana komo anu ngarandapanana, saditueun ti menit,” omong Mang Suadma.

Baca Juga: Popwil Terancam Tidak Dilaksanakan di Kuningan, Ini Kata Kepala Disporapar

“Leres pisan eta teh Mang. Atuda artos tunjangan anu tos dicadongkeun kanggo bayar putra kuliah, cicilan kanggo ka bang/koperasi sareng kabutuh sanesna dugi ka ngagadekeun gajih kanggo nutupan anu teu acan kabayar. Alhamdulillah, ayeuna aya secercah cahaya kehidupan anu tiasa dijantenkeun harepan mugi kapayunna tiasa lungsur langsar sakumaha bihari,” tembal Si Otong.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x