Sabulangbentor: Pagawe Kudu Netral Tapi Ngabantuan Pupulitikan

- 17 Januari 2024, 19:50 WIB
Ilustrasi Sabulangbentor rubrik bahasa Sunda Kabar Cirebon ngebahas soal Tunda Bayar.*
Ilustrasi Sabulangbentor rubrik bahasa Sunda Kabar Cirebon ngebahas soal Tunda Bayar.* /Kabar Cirebon/

KABARCIREBON - Sajeroning taun pulitik sakumna pagawe teu weleh diwanti-wanti ulah maen pupulitikan najan alesanana ukur balas budi. Teu kaci ari pagawe mah, peupeujeuh bisi numbuk diapes bisa keuna ku tendangan pinalti.

Komo bari jeung nyiapkeun parawanten sagala mah, lebah kanyahoan ku nu berwenang bisa dikeunakeun sangsi. Rek naha atuh barina ge make luak-liueuk sagala, gawe bae nu puguh saha dunungan urang ayeuna, eta anu kudu dipitumut enggoning milampah prohram pagawean.

“Naha nya Tong, sora pagawe pada monto bae, pedah naon? tanya Mang Suadma. “Margi ari pagawe mah gaduh gerbong, malihan aya hiji SKPD anu gerbongna seueur pisan tur jiwana ngarewu deuih. Eta mah kantun ngamalirkeun (nyalurkeun) we sora kanggo kapentingan pilihan teh,” walon Si Otong.

Baca Juga: Sejumlah Peserta Ikuti Bimtek LPPD Kuningan

“Oh... paingan pada marebutkeun, manahoreng aya sawatara unit kerja anu bisa dijadikeun andelan, sok komo lamun samemehna aya komitmen atawa adu renyom jeung pihak tertentu,” jawab Mang Suadma.

“Atuh muhun Mamang teh. Pangna pagawe, hususna pejabat kedah netral oge, gaduh sesuatu anu dina waktosna tiasa dipurak. Komo anu menta dukunganana anu kungsi nulungan urang, tangtos eta jalmi ngaraos kebeungbeuratan anu ahirna kedah mulang tarima atuh carana kumaha bae, kitu manawi, Mang,” tembal Si Otong.

“Baruk aturanana ari pagawe mah kudu netral nya Tong?” tanya Mang Suadma. “Sumuhan ti kapungkur ge kedah netral dumasar kana aturan mah, namun rada sesah upami kedah netral 100 persen mah. Atuh aya pagawe rada cueut ka salah sahiji calon mah manawi jamak we atuh, Mang,” walon Si Otong.

Baca Juga: Siapakah Anggota DPR RI yang akan Tersingkir karena Hasil Survei Jamparing Kuningan, Gerindra Paling Kuat

“Lamun enya aya pagawe anu teu netral, kumaha akibatna?” Mang Suadma, malik nanya. “Bahya (saditueun bahaya) atuh Mang, tiasa dipecat!” cedk Si Otong. “Asa piraku dipecat mah sugan, naha geus aya PNS gara-gara teu netral ujug-ujug dipecat tina pagawe nagrina atawa jabatanana? Asa can ngawenehankeun, Ka mah,” tembal Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x