Sabulangbentor: Pagawe Kudu Netral Tapi Ngabantuan Pupulitikan

- 17 Januari 2024, 19:50 WIB
Ilustrasi Sabulangbentor rubrik bahasa Sunda Kabar Cirebon ngebahas soal Tunda Bayar.*
Ilustrasi Sabulangbentor rubrik bahasa Sunda Kabar Cirebon ngebahas soal Tunda Bayar.* /Kabar Cirebon/

“Atuda moal aya pejabat anu ngahagal-hagal ngiringan kampanye mah, tangtos cara katut gayana moal katawis ku jalmi awam. Carana kumaha we nu penting aya larna,” walon Si Otong.

“Oh aing ngarti, pejabat mah leuwih ti pinter pikeun ngegulkeun anu dijagokeunana. Atuh carana aya nu ngondisikeun dina widang kauangan, huruwas-harewos bari jeung mahanan keur meuli kaos, nyayagian pasitilas, jeung rea-rea deui anu moal kadeteksi ku jalma atah dina urusan pulitik mah,” cek Mang Suadma. “Oh… kitu, abdi nembe uninga,” walon Si Otong, pura-pura.

Baca Juga: Pemilik Usaha Pertanian Kuningan Bisa Daftar Young Ambassador Agriculture

“Waduklah, apanan nyaneh anu sok mantuanana oge, komo mun petahana atawa mantan dunungan anu milu makalanganana. Aing teu ngarti, ongkoh pagawe teh kudu netral tapi bisa keneh mantuan dina urusan pupulitikan? Lain ge netral eta mah! Numatak, sakali mah upama aya pagawe teu netral kudu dipecat ambeh aya epek jera,” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah