Sabulangbentor: Dunungan Rek Manggung Kudu Didukung

- 14 Juni 2024, 05:30 WIB
ILUSTRASI Sabulangbentor
ILUSTRASI Sabulangbentor /Iyan Irwandi/KC/

KABARCIREBON - Moal lila deui pelaksanaan pilihan bakal dipilampah ku sakumna warga nu aya di lembur urang. Atuh anu rek makalangan, kiwari keur tatan-tatan pikeun ngaraeh simpati masa, hususna nu boga hak pilih. Nu matak teu aneh lamun mapag pilihan suasana pulitik di lembur rada harengheng.

Adatna, hartina kahirupan demokrasi di urang kawilang dinamis sabab lamun tiis jempling lir kadia gaang katincak, sarua jeung taya kahayang pikeun ngamajukeun daerah sorangan. “Mimiti rame nya Tong, anu rek makalangan marunculan. Aya ti kalangan birokrat (pejabat) aya oge ti kalangan sejen,” cek Mang Suadma.

“Rame perkawis naon nya Mang? Makalangan bade nyalon kitu?” Si Otong malik nanya, pura-pura teu apal. “Andika teh ulah sok ngabobodo maneh, komo anjeun mah pagawe tangtu leuwih ti nyaho kalawan ngarti tibatan Mamang,” jawab Mang Suadma, nyelok Si Otong. “Leres Mang, maol lami deui di daerah urang bade aya pilihan calon pamingpin anu siap pikeun ngamamurkeun rahayat,” tembal Si Otong.

Baca Juga: Pilkada Kuningan, Ridho Suganda Tahu Etika dan Menghargai Keluarga H. Acep Purnama

“Alus atuh Tong, eta anu dipiharep ku Mamang. Da ari rayat mah kahayangna teu muluk-muluk. Nu penting imah pageuh, sandang (pakean) weuteuh, atuh beuteung seubeuh, pamajikan oge reuneuh pon kitu urang ge baseuh, cek kasarna,” omong Mang Suadma.

“Ngan nya kitu Mang, abdi mah pagawe moal tiasa ngabagongan margi kauger ku aturan tea. Saupamina pagawe ancrub kana urusan politik tangtos bakal dikeunakeun sangsi. Malihan aya serat edaran yen pagawe mah kedah netral,” jawab Si Otong. “Kaula ge ngarti, memang pagawe mah kudu netral. Tapi ari hak pilih mah boga lain?” Mang Suadma malik nanya.

“Kantenan, teu kenging soteh ngiring kacah-kicih dina urusan pulitik. Upami ngagunakeun hak pilih mah kedah, tibatan golput, goreng patut,” tembal Si Otong. “Nya heueuh atuh, ngan kahade ulah asal pilih, tapi kudu asak-asak nya ngejo, bisi tutung tambagana, kudu asak-asak nya nenjo bisi kaduhung ahirna, cek paribasana,” jawab Mang Suadma.

Baca Juga: Sebanyak 1.670 TPS di Pilkada Kuningan Dihilangkan, Pendaftaran Pantarlih dengan Gaji Rp1 Juta Dibuka Hari Ini

“Nya moal atuh Mang, abdi ge gaduh pamadegan dumasar kana pilihan ati sanubari nu paling jero,” omong Si Otong. “Hade pisan andika geus boga pamadegan anu jinek, tapi rek milih saha?” tanya Mang Suadma. “Punten eta mah rahasiah, Mang. Aya kasebatna langsung umum bebas jeung rahasiah,” tembal Si Otong.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah