SABULANG BENTOR: Dipangkas-Repokusing-Rasionalisasi = Dikurud

- 2 Maret 2023, 08:30 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/


KABARCIREBON - Memang palalinter kana ngareka-reka basa supaya endah, dipapayus sangkan alus, diutak-atik ambeh cantik jeung satarerusna.

Da lamun lain ahlina mah matak menit, malah saditueun ti menit ngareka-reka basa sangkan kadengena ngeunah tur merenah kana manah sangkan leuwih tugenah. Dhoh.... eta ukur tamba mepende sangkan nu ngadengena teu marotah teuing.

“Atuda geus aya ti dituna urusan ngagulak gilek istilah atawa kalimah, naon hesena. Komo lamun aya nu muruhanana, anu tadina teu bisa oge bisa ngadadak cerdas,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Sabulang Bentor, Tunda Bayar Ulah Lila Teuing Ditundana

“Saha nu diburuhan Mang? Bageur Mamang mah enjing keneh tos aya nu muruhan,” cek Si Otong, mancing-mancing Mang Suadma.

“Muruhan-muruhan 70, dimana atuh. Aya eta oge anu muruhan mah ukur tina ladang koprek (buburuh ronda peuting),” jawab Mang Suadma.

“Sanes itu anu dimaksad ku abdi mah, aya numuruhan nu ngutak-ngatik basa sangka kapirengna merenah tur tugenah kana manah,” walon Si Otong.

Baca Juga: Nama Alat Musik Karya Roni Sachroni Budayawan Kuningan Ini Akronim Bahasa Sunda

“Tah .. eta pisan kaula mah sok ngalem kanu palalinter model kitu teh, ngagulak-gilek istilah bari jeung hartina lamun disundakeun eta-eta kenah.

Upamana bae kenaikan harga disebut disesuaikan, sesuai naonna? justru ku naek na harga teu sesuai jeung kamampuhan sakumna rahayat.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x