SABULANG BENTOR: Bareto HP Dirajia, Ayeuna Kudu Make HP

- 1 April 2023, 08:00 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Bareto mah meh unggal usik guru ngarajia HP budak sakola, hususna ka para siswa SLTP jeung SLTA.

Maksudna ngayakeun  rajia tujuanana  hade pisan pikeun ngingkahan pintonan gambar-gambar anu teu pantes dilalajoan ku barudak.

Sabab dina eta HP teu sakabeh gambarna mere mangpaat, tangtu aya oge anu matak mawa madarat antukna ngaruksak moral anak bangsa.

Baca Juga: Mau Tahu Waktu Berbuka Puasa dan Jadwal Salat di Wilayah Kabupaten Kuningan Hari Sabtu 1 April? Ini Jadwalnya

“Satuju pisan Mamang mah guru mindeng ngarajia HP barudak sakola teh," cek Mang Suadma.

“Sami, abdi ge satuju. Margi  upami  diantep karep, budak mah tiasa sakaba-kaba ngagolangkeunana, tiasa bahaya, Mang," walon Si Otong.

“Bareto mah mun aya budak sakola keur ngoprek HP, heug kanyahoan guruna,  teu antaparah deui, pasti dirampas.

Baca Juga: Pantengin  Jadwal Layanan SIM Keliling di Wilayah Kabupaten Kuningan

Bisa ditebus, tapi lain ku duit, kolotna kudu datang ka sakola pikeun nyokot eta barang sangkan budakna ulah deui-deui mawa HP ka sakola anu dipinuhan ku gambar lain deuleueun budak sakola,” tembal Mang Suada.

“Mugi-mugi bae nya Mang, eta aturan sakola dilarapkeun salawasna kalawan ketat tur tegas,” jawab Si Otong.

“Ngan jaman ayeuna mah teu kitu Tong. Bareto nu mamawa HP ka sakolah pasti keuna sangsi ti guruna.

Baca Juga: Cek 10 Nomor Telepon Penting yang Bisa Dihubungi ketika Keadaan Darurat di Kuningan

Ayeuna mah sabalikna, barudak sakolah wajib make HP, di sekolah, komo di imah mah bebas pisan,” cek Mang Suadma.

“Oh ... muhun nya Mang, margi ayeuna mah diajarna oge online alatan aya panarajang pirus tea,” walon Si Otong.

“Heueuh nya Tong, samprak usum diajar daring kangaranana eta alat komunikasi dipentingkeun pisan.

Baca Juga: Disdukcapil Buka Proses Aktivasi Digital Adminduk di Polres Kuningan

Lamun teu boga HP, wayahna bakal katinggaleun matapelajaran jeung sarupaning kagiatan anu ditugaskeun ku sakola,” cek Mang Suadma.

“Leres nya Mang, atuda kumaha upami teu kitu (diajar teu make HP) bade kumaha bade tiasa ngalaksanakeun pangajaran.

Nya eta mah sing ati-ati we nu janten sepuhna pon kitu bapa/ibu guru disakola.

Baca Juga: Impor Baju Bekas Ganggu UMKM Tekstil Termasuk yang Ada di Kuningan

Ulah kenaning dibebaskeun nganggo HP, namung bebas pisan tina pengawasan guru sareng sepuhna di bumi,” tembal Si Otong.

“Tah eta anu jadi masalah teh. Bareto budak mawa HP ka sakola dirajia, ayeuna siswa diajar kudu make HP, teuing lah menit.

Atuda lamun teu ngagunakeun HP bakal buntu diajar da tugas pangajaranana ngaliwatan HP.

Ari diantep karep tanpa pengawasan, biasa bae eta alat komunikasi dipake sakaba-kaba, mukaan gambar anu lain deuleueun budak.

Tapi nya kitu, ari tanggungjawab pendidikan mah, tanggungjawab sarerea, atuh guru di sakola, wali siswa di imah katut masarakat.

Kumaha carana eta alat komunikasi bisa mawa maslahat katut mangpaat pikeun sarupaning kahirupan, kaasup mangpaat keur barudak sakola.

Komo ayeuna mah diajar daring, online , jum miting jeung sajabana,” cek Mang Suadma. (Kang Emsul) ***

 

 Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

 

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x