Ulah Perang Dingin, Ulah Perang Terbuka

- 29 Maret 2021, 23:03 WIB

PACENTAL basa jalma kolot jeung budak tangtu beda, bisana disebut beda, ceuk basa kirata mah hartina, embe jeung kuda (beda). Nya meureun moal sarua, najan  parabna sarua jukut, tapi keukeuh moal bisa sarua. Pon kitu mun gajah jeung gajah, najan jenisna sarua, tapi lamun diaradu, anu ruksak lain ukur jukut. Tapi  pecalan pepelakan kabawa urak-arik alatan kaluludeg ku dua gajah anu diaradu.

“Kumaha upama pamingpin jeung pamingpin ribut, tangtu anu bingung para pendukung. Atawa anu pro jeung kontra kanu keur papaseaan, anu ahirna bisa ngabalukarkeun harengseng situasi di eta lembur. Mun bisa mah ulah sok papaseaan, sabab paseana jalma kolot pasti aya gantar kakaitan. Saupama anjeun iraha-iraha kaparengkeun jadi petinggi kudu waspada tingal,” ceuk Mang Suadma.

“Abdi mah bujeng-bujeng milampah sapertos kitu anu ngandung unsur-unsur pulitik, matak palalaur. Margi pacogregan tina urusan pulitik mah Mang, punten, teu tiasa suda ku sataun dua taun. Tiasa janten salamina, margi dina  masing-masing anu parasea aya keneh nyangkeruk kakeuheul dina hate,” walon Si  Otong.

“Sinarieun andika cerdas, biasana tara ngajawab saperti kitu. Boa-boa andika milu ngomporan kanu keur pacogregan?” tanya Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Dandie Kabar Cirebon


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x