Milih Calon Direktur Pulitis Atawa Teknis?

- 26 Juli 2022, 07:31 WIB

KACATURKEUN Timsel rengse milampah tugas pikeun nyaring calon direktur, atuh ti mimiti seleksi administrasi, uji kelayakan dan kepatutan (UKK) tepi ka totol tilu urang pikeun disodorkeun kanu dibendo. Saterusna tina hasil seleksi anu tiluan teh bakal ditotol deui salasaurang pikeun nyangking kalungguhan direktur dumasar kana kawenangan bos.

“Mamang mah iwal ti bisa ngadoakeun, mudah-mudahan sejeroning milih calon direktur  teh dumasar kana kaweningan galih, kajembaran manah, tanpa aya embel-embel kapentingan sejen. Estu clak putih, clak herang kalawan jorojoy tina ati sanubari dumasar kana kajembaran manah, nu gaduh kakawasaan di ieu lembur. Ceuk istilah budak ayeuna mah   dipilampah kalawan obyektip tur transparansi demi kamajuan eta pausahaan pikeun mere kontribusi kana PAD katut ngaronjatkeun kasajahteraan masarakat!” ceuk Mang Suadma.

“Etah... geuningan, Mamang ari nyarios teh kacida kahartos pisan. Atuh pidoa Mamang mugia dikobul Ku Nu Maha Kawasa. Aamiin...!” walon Si Otong.

“Atuh erek kumaha deui, peupeuriheun nu enggeus-enggeus mah geus sabarahan kali milih direktur kalah ka cacag nangkaeun. Nya harese beleke rek ngalelempengna teh. Jigana hasil tina seleksi nu ayeuna mah moal saperti nu enggeus-enggeus. Ngandung harti, aya dina lungsur-langsar sagala rupana enggoning ngajeujeuhkeun eta pausahaan,” tembal Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Dandie Kabar Cirebon


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x