Sabulangbentor: Gagal Bayar Taya Pangaruh Kana Gagal Beunghar

- 26 Juli 2023, 18:39 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Kacaturkeun di hiji daerah aya keneh nu kasarimped pasualan gagal bayar.

Padahal kudu kumaha tarekah mah rarasaan teh asa geus beak dengkak hayang ngarengsekeun gagal bayar anu geus sakitu lilana masih keneh nunggak.

Meureunan mana kitu ge aya kasebutna bagjaning awak, boh keur nu nguruskeunana sumawona keur korban gagal bayar mah asa dibeuteungan nyusu.

Baca Juga: Anggota PBSS Kuningan Sabet Juara ke-3 O2SN SMK Tingkat Jabar

Nu matak teu aneh lamun aya pagawe anu garo-garo teu ateul lantaran mikiran tunjangan pagawe anu can kabayar.

“Saha nya Mang, anu garo-garo sirah teu ateul balukar gagal bayar teh?” tanya Si Otong.

“Piraku andika teu apal, meureunan kaasup dunungan anjeun. Atuda meus-meus gagaro sirah, meus-meus gagaro teu ateul, naha gateul beneran alatan pinuh ku totombe atawa pedah keur teu boga duit?.

Baca Juga: Pruduk UMKM Kuningan Tembus Pasar Internasional

Kaula mah teu apal, eta andika anu sapopoena gawe di gedung putih meureun apal dunungan keur menit akibat jenuk keneh tunjangan pagawe anu can kabayar,” omong Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x