Sabulangbentor: Program Caang Tibeurang Teu Kudu Dicaritakeun

- 27 Juli 2023, 18:57 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Jaman tai kotok dilebuan kayaan di pileburan harita estuning poek mongkleng buta rajin.

Hartina, waktu harita can kasasaban ku tehnolohi penerangan anu diwangun ku nagara. Anu kasebut jalma mewah lamun imahna hayang caraang jaman harita, iwal ti jalma beunghar anu di imahna nyeungeut lampu patromak.

Da rereana jaman baheula mah di imah teh nyeungeut cempor atawa delepak, anu rada meueusanana nyeungeut lampu tempel alias lampu gamblok.

Baca Juga: 254 Calon Desa di Kuningan Siap Berdamai dalam Pilkades Serentak

“Barudak alam kiwari mah moal arapaleun anu kasebut delepak, lantera, cempor, lampu gamblok jeung sabangsana.

Malah lamun budak sakola keur ngapalkeun tipeuting bari tungkul maca buku, buukna sok karerab ku pucuk seuneu tina lampu semprong (lain kueh semprong).

Kitu tah Tong, pangalaman Mamang baheula mah. Maneh ngalaman?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: Atlet Tinju Putri Perkuat Cabor Kick Boxing Kuningan Berlaga di Seleksi Pra PON Bekasi

“Bujeng-bujeng Mang, mireng istilah delepak sareng cempor oge asa nembe kapireng ayeuna, margi abdi teu kungsi ngalaman sapertos Mamang harita,” jawab Si Otong.

“Heueuh da andika mah hirup di alam kiwari anu kaayaanana geus hurung ragumang tur baranang ku lampu listrik jeung neon,” jawab Mang Suadma.

“Atuh kantenan, abdi mah lahir di alam milenial, benten sareng Mamang sesa alam kolonial,” tembal Si Otong, nyisiwoan ka kolot.

Baca Juga: DPPKBP3A Kuningan Sabet Juara ke-1 Hasil Pelayanan KB Paska Persalinan

“Sik sia ngece ka kolot. Ngan nya kitu, najan kiwari sawatara lokasi geus baranang ku neon anu enyoy-enyoyan, geuning di lembur anu salingkur sawatara desa anu jauh ka kota, rea keneh anu can kasasaban penerangan listrik.

Da ari di kota geus karuhan teu kudu dicaritakeun, lebah urang lembur anu jauh ka perkotaan aya keneh anu tacan menikmati baranangna lampu neon atawa lampu anu ngempray tina listrik,” cek Mang Suadma.

“Mamang teu kedah hariwang, kahoyong rahayat lemburna caang tangtos parantos diprogramkeun.

Baca Juga: Akhirnya, 40 PNS di Kuningan Lulus Pelatihan Kepemimpinan Pengawas

Isuk jaganing geto lembur urang bakal caang baranang sakumaha kahoyonng Mamang,” jawab Si Otong.

“Waduk lah, ari ngomong jeung aing teh ulah sok dianggap tembok. Kaula ge ngadenge ayeua keur ngalaksanakeun prohram lembur caang, teuing caangna ti beurang duka tipeuting.

Tapi kaula mah anu teu bodo-bodo acan prohram lembur caang ti beurang mah teu kudu dicaritakeun, komo bari jeung diuar-uar.

Baca Juga: Anggota PBSS Kuningan Sabet Juara ke-3 O2SN SMK Tingkat Jabar

Ari prohram lembur caang ti beurang kumaha cek srangenge (panon poe) bae, masing teu dibejakeun ge da pasti bakal kitu.

Kadongdora lamun eta prohramna geus nyaangan lembur ti peuting sajagat gorombyangan, teu dibeja-bejakeun oge pasti bakal rea nu ngabewarakeun,” omong Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x