Sabulangbentor: Siap Ngalaksanakeun Prohram Caang Ti Peuting

- 10 Oktober 2023, 15:41 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Bagjaning awak meureunan kasebutna teh, atuda saha jalmana anu hayang neruskeun prohram dina kaayaan tacan beres 100 persen. Najan katempuhan buntut Maung, cek paribasana, tapi da kumaha lamun teu digawean ku pejabat anyar nya rek kusaha deui. Eta mah wayahna meureunan, daek teu daek, bubuhan konsekuensi jabatan tea, haruh....!

“Dumasar kana itungan bulan mah kudu geus rengse meureun nya Tong, eta prohram lembur caang ti beurang teh?” tanya Mang Suadma. “Manawi kitu Mang. Eta mah kedah rengse, margi upami gagal tiasa janten masalah ageung. Tangtos bakal janten temuan anu ti tonggoh, numawi kedah saenggalna direngsekeunana,” walon Si Otong. “Kaula mah kabayangkeun, lembur singkur anu jararauh tepi ka suklakna-siklukna tuntung kidul naha rek kaboro masangkeun eta alat?” Mang Suadma malik nanya.

“Mugi-mugi tiasa rengse bae, margi eta mah tos janten program ti dituna kedah rengse 100 persen, teu tiasa ditunda-tunda. Lebah dieu mah teu aya istilah tunda masang, komo upami kajantenan gagal masang mah. Kedahna tepat waktu, tepat caang, tapi sanes ti siang, utamina caang baranang ti wengi. Anu tadina eta daerah poek mongkleng buta rajin, kedah janten caang baranang ku lampu penerangan,” cek Si Otong, panjang lebar.

Baca Juga: DP Korpri Kuningan Touring to DTW Waduk Darma Sebagai Ajang Silaturahim dan Baksos

“Heueuh cek aturan kudu kitu, tapi naha kaboro ukur dibere sesa waktu anu sakitu samporetna, bari jeung ningali medanna, jalanna lungkawing mapay-mapay lamping, ngeumbing akar muntang jangkar, bakating ku seseleket lamun lumampah ke eta lembur. Naha andika siap lamun nyorang lebak, mapay bubulak saperti kitu?” tanya Mang Suadma.

“Manawi eta mah kersa teu kersa, sok sanaos bakal didamelan ku pejabat anyar anu teu apal mimitina. Saena mah kunu ti payun anu parantos uninga seluk-belukna eta daerah, da anu enggal mah tiasa janten rampang reumpeung keneh,” tembal Si Otong.

“Jigana ningali kapala anu anyar mah biasana tanagana rosa keneh, Mamang mah ngadoakeun muga-muga aya dina lungsur-langsar sanajan ukur ketempuhan buntut maung,” cek Mang Suadma. “Namung teu kedah hawatos Mang, tangtos bakal rengse luyu sareng target padamelan sakumaha anu parantos ditangtoskeun,” cek Si Otong, mireng bocoran.

Baca Juga: Massa Bertindak Anarkis dan Menjarah Minimarket, Polres Kuningan Terjunkan Dalmas dan Brimob

“Sukur atuh Tong, ari jalma sobar tur soleh mah kakasih Gusti Alloh, nu penting enggoning ngalaksanakeunana pinuh ihlas tur hayang beres sajeroning kumawula ka nagara demi ngebela warga sakumha anu ngabutuhkeun penerangan caang ti peuting.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x