Sabulangbentor: Keur Ngalaksanakeun Program Kuningan Caang

- 6 November 2023, 19:08 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Dumasar kana itungan bulan asa kudu geus rengse sakabeh lembur baranang ku lampu penerangan anu kiwari keur dihangkeutkeun. Untung aya keneh waktu najan kurang leuwih ukur sabulan deui oge, lamun teu anggeus sakumaha waktu anu geus ditangtukeun jigana bakal keuna ku prikik (pelanggaran) upama dina bagbagan maen bola mah.

“Leres nya Mang. Eta program lembur caang upami teu rengse dina waktosna, komo upami gagal tiasa janten masalah ageung. Malihan sanes ukur masalah kanu milampahna, namung janten temuan pamariksa keuangan nu aya di puser dayeuh (ibu kota) pon kitu pamariksa tingkat regional (Propinsi). Sangkan ulah janten mamala ka sarerea, langkung sae enggal rengsekeun, cat kitu, cat kieu teh, cek paribasana,” omong Si Otong, ngabalibitan.

“Kaula ge sarua sok kabayangkeun, lembur singkur nu jauh ti peuseur dayeuh, naha eta alat kaboro pikeun masangkeunana? Tapi kaula yakin ka kapala anu mingpin di eta SKPD jigana moal cicingeun. Sabab dihenteu-henteu ge pikeun ngabela harga diri lembaga nagara. Mamang yakin, pingpinan nu aya di eta SKPD ayeuna keur ngalaksanakeun prohram Kuningan caang anu teu weleh diarep-arep ku balarea,” omong Mang Suadma.

Baca Juga: Jalan Rusak Parah Dibiarkan Saja, Diduga Kecamatan Hantara selalu di-PHP Bupati Kuningan

“Mugi-mugi bae tiasa rengse dina waktosna, margi eta mah tos janten program ti pusatna kedah rengse 100 persen, luyu sareng waktos anu parantos ditangtoskkeun, teu kenging tiasa ditunda-tunda. Lebah dieu mah teu aya istilah tunda masang, komo upami kajantenan gagal masang mah,” omong Si Otong.

“Da heueuh cek aturan mah kitu, tapi naha kaboro dumeh waktu sabulan deui, bari jeung lokasi anu rek dipasang tihang jararauh deuih. Naha andika sanggup ngalaksanakeunana ukur aya waktu sabulan deui program lembur caang sakumaha anu dicatet dina prohram kerja?” tanya Mang Suadma.

“Manawi eta mah kersa teu kersa, kedah dilaksanakeun luyu sareng kapercatenan jabatan anu dipaparin ti pingpinan. Sok sanaos kitu pejabat anyar oge bakal ngerjakeun satekah polah sangkan program Kuningan caang rengse dina waktosna anu kantun sasasih deui,” tembal Si Otong.

Baca Juga: Wawancara dengan Pansel Open Bidding Kuningan Jadi Penentu Masuk Tiga Besar Terbaik

“Kahade tong, ulah dikira najan pejabat anyar di eta lembaga tur gayana kalem deuih, tapi dina milampah pagawean estu serius. Muga-muga bae hanca pagawean anu keur dihareupan ayeuna bisa rengse 100 persen. Cenah ayeuna ge hancana ngahontal 90 persen, atuh kari saeutik deui.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x