Sabulangbentor: Bisa Mupus Anggaran Kudu Bisa Ngadatangkeunana

- 8 November 2023, 10:39 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Dina dongeng mah jalma sakti teh anu bisa nurus bumi, ngapak mega, ngapung ngawang-ngawang. Salian ti eta, anu kasebut sakti mandraguna totosan bojana kulit, urat kawat, balung wesi. Tara undur sasiku, anggang satapak, estu tandang makalangan dimedan joang. Lamun boga kasakten saperti kitu, pasti bakal dipikagimir ku sasama.

“Eta mah carita kasaktian di alam pawayangan, anu moal karandapan ku arurang anu hirupna di alam moderen. Kitu manawi, Mang!” cek Si Otong. “Cek saha euweuh, alam kiwari ge aya jalma sakti. Jalma sakti alam kiwari mah leuwih unik, Tong,” cek Mang Suadma. “Oh kitu? Kasaktianana sapertos kumaha, Mang?” tanya Si Otong.

“Anu disebut jalma saksi jaman kiwari sarua dipikaserab ku sasamana, ngan kasaktianana husus aya bidangna. Malahan nu jadi pingpinan ge ngarasa reuwas lamun eta jalma sakti teu diakomodir diperenahkeun jadi pejabat,” omong Mang Suadma. “Saktina sapertos kumaha, Mang? Teu kenging ngawadul atuh ari nyarios teh sok diageung-ageungkeun,” tembal Si Otong.

Baca Juga: Perubahan Nomor Urut DCS Hingga DCT Bagi H Rokhmat Ardiyan Sebuah Berkah dan Anugerah

“Bisi andika hayang nyaho, apanan aya pagawe di lembur urang anu kasaktianana luar biasa, jalma pinter ge tepi ka colohok ningalina, komo keur nu bodo mah,” cek Mang Suadma. “Conto, pagawe sapertos kumaha anu gaduh kasaktian samodel kitu teh?” tanya Si Otong, panasaran.

“Bisi andika hayang nyaho, jalma sakti di lembur urang nyaeta, aya pagawe anu bisa mupus anggaran ti pusat. Anu tadina eta anggaran direncakeun bakal turun ka lembur urang kaligane ngaleungit da aya nu mupusna.

Tah kasaktiaan model kitu diantarana. Kayaning; bisa mupus anggaran anu sumberna ti tonggoh, najan geus dicadongkeun tapi ku eta pagawe bejana bisa dicoret tepi ka teu turuna,” cek Mang Suadma. “Gaduh kasaktian tiasa mupus anggaran tangtos bakal diperhetangkeun ku pingpinana oge atuh nya Mang?” tanya Si Otong.

Baca Juga: KKMTs Kuningan Siap Sukseskan HAB Kemenag Ke-78 Pada 2024 Mendatang

“Atuh heueuh, nyaneh mah sugan kakara nyaho? Malahan ku bos oge pagawe sakti samodel kitu antukna diingu atuda bisi nanaha, tibatan matak mendet kauangan daerah mending dijeujeuhkeun jadi pejabat. Ari keur Mamang lain jalma sakti model kitu, tapi kaasupna deleka. Lamun hayang disebut sakti beneran, cik dibalik.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x