Sabulangbentor: Ulah Sieun Kunu Bisa Mupus Anggaran

- 12 November 2023, 21:23 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

Kahade, lain ngabati tapi pikeun ngabdi, bisi salah denge, da urang teh pikeun kumawula ka nagara ngabela nusa jeung bangsa. Tah eta anu kasebut jalma hade, najan boga kasaktian lain dipake kana kagorengan, tapi nuju jalan kamaslahatan. Numatak ka sing saha bae, lamun aya pagawe anu bisa mupus anggaran ulah dipikaserab, komo dipikasieun mah, nya pedah naha?.

Lamun hayang diperhatikeun pingpinan ku cara bisa mupus anggaran nu aya di pusat, mending kabeh pagawe ngabring ka pusat, heug parupusan eta anggaran anu keur kalembur, sugan we diangkat jadi pejabat kabeh. Numatak ulah tibalik ari meunteun jalma atawa pagawe teh kudu obyektip.

Baca Juga: Kisah Hanyen Tenggono yang Jadi Pengusaha Sukses Kuningan di Usia Masih Muda

Kaula ge tukang koprek apal, mana pagawe nu bener-bener ngalaksanakeun tupoksi, mana nu ukur puraga tamba kadenda. Numatak, ari meunteun jalma kudu make akal sehat, sabab lamun teu sehat babari asup angin. Jah..... anjogna mah......! (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah