Sabulangbentor: Budak Diasuh Ku HP, Kahade...!

- 19 Januari 2024, 19:06 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Abong Jaman Ahir, kacintaan kana kadunyaan teh kaleuleuwihi. Belaan tisuksuk tidungdung, suku dijieun hulu, hulu dijieun suku, pikeun nyiar kipayah keur nyumponan kehirupan. Nu miskin ku miskinna, sumawona nu beunghar ku beungharna kalah tambah motah.

Teu aneh lamun aya anak kalantar dina widang pendidikanana lantaran indung bapana tungkul bae kana haliah dunya. Antukna nu teu boga ngarasa menit ku teukabogaanana pon kitu nu kaya super sibuk ku kabeungharanana. Jah...! “Saking sibukna kolot neangan duit, tepi ka anak mah teu kadidik jeung teu kaatik,” cek Mang Suadma.

“Leres oge nya Mang, kumaha bade janten anak soleh tur solehahna upami pendidikanana kaluli-luli atawa dipasrahkeun ka badega (pembantu) kanggo nu aya pakeunana,” walon Si Otong. “Kumaha generasi bangsa ka kahareup lamun aya keneh nu ngadidik budak ku badega. Ngaranna oge pembentu, ukur keur ngabantu-bantu, lain pagawean utama keur ngadidik budak. Numatak rea budak nu mantangul oge atuda anu ngadidikna sasat deungeun-deungeun badis,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Sekda Kuningan Ajak ASN Berpegang Teguh Pada Pancasila

“Leres pisan Mang, atuda sanes bagianana badega (pembantu) kedah ngadidik budak mah. Sanes ngarendahkeun harkat darojat badega, punten. Numawi nu janten sepuhna ulah mercantenkeun teuing kunu ngasuh,” walon Si Otong. “Atuda kumaha hirup di jaman now mah, budak asal anteng cukup dibere HP nu rea gambaran jeung permainan,” tembal Mang Suadma.

“Abdi mah manghawatoskeun, Mang. Leuheung basa dina jero HP teh gambarna anu sipatna ngadidik, lebah gambar anu teu uni, apanan matak ngajantenkeun bangbaluh ke eta murangkalih, Mang,” jawab Si Otong.
“Malah aya nu leuwih parna deui, budak kakara crut cek paribasana, ku kolotna dibere HP mahal sangkan anteng, baruk teh,” cek Mang Suadma.

“Anteng kumahana Mang?” tanya Si Otong. “Heueuh, saking antengna, heug kabuka gambar unyil, nya rek kumaha lalampahan generasi bangsa ka hareup?” tanya Mang Suadma. “Hawatos abdi ge Mang, eukeur mah hasil didikanana ku pembantu, katurug-turug dipasihan HP anu eusina sanes tingaleun murangkalih, bahaya atuh Mang, langkung ti kacow!” cek Si Otong.

Baca Juga: Gedung Disdikbud Kuningan Diberi Nama-Nama Pahlawan dan Pekarangannya Dihotimix Bagai Hamparan Sajadah

“Eta mah lain kacow deui, tapi saditueun ti kacow. Budak alam kiwari leuwih maher kana ngutak-ngatik HP, beda jeung jaman Mamang. Kumaha teuing lamun aya situs anu lain deuleueun budak kabokerkeun. Saupamana isuk jaganing geto lamun anak incu urang karacunan HP.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x