Sabulangbentor: Ongkoh Daerah Pertanian, Harga Beas Pangmahalna?

- 28 Januari 2024, 18:27 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Dibanding Kabopaten/Kota sejen, lembur urang teh katelahna daerah agraris, lantaran sabagian gede rahayatna hirup tina sektor pertanian. Lamun enya kitu, sarupaning cangkurawok (dahareun tina beubeutian) saperti taleus, hui kamayung, kadadangkel, suweg, ganyong, sampeu rangda rebah, sampeu mantega jeung sabangsana kudu ceuyah tur kadeleh di pasaran.

“Cek paribasana, di lembur urang mah lamun nancebkeun tongkat bisa jadi tatangkalan, saking lahanna subur. Beda jeung di nagara deungeun, nancebkeun tatanggkalan bisa jadi tongkat, atuda tanahna cengkar (gersang). Nu matak tangkal naon bae nu dipelak di lembur urang pasti jadi tur kapetik hasilna, kaala buahna,” cek Mang Suadma.

“Tenang atuh Mang, teu kedah hawatir kakirangan dahareun da sagala anu dipelak teu weleh ngadatangkeun hasil. Lamun urang rajin tuncab-tanceb, isuk jaganing geto, najan teu kapanggih ku awak (ku sorangan) tiasa kasampeur ku anak,” walon Si Otong.

Baca Juga: MAN 1 Kuningan Cetak Lulusan Terampil Untuk Mandiri

“Nya heueuh asal daek bae urangna, tapi lamun ukur ngahurun balung bari nangkeup tuur nya moal beubeunangan, masing lembur urang tanahna subur oge,” tembal Mang Suadma. “Leres pisan Mang, mugi-mugi lembur urang kasebatna daerah agraris ulah ukur dina carita, namung kedah luyu sareng kanyataanana,” jawab Si Otong.

“Nya heueuh atuh. Komo di lembur urang mah salian ngaku daerah agraris teh, kabopaten konserpasi, kawasan agropolitan, daerah penyangga penyupley cai ka daerah sejen, lumbung pangan, daerah tujuan wisata jeung sajabana. Pokona lengkep we,” cek Mang Suadma. “Ningali data dina luhur meja mah lembur urang teh kedah langkung ti maju tur mamur dibanding daerah batur,” omong Si Otong.

“Ah… nyao teuing. Menit aing mah. Teuing enya, duka bener, komoditas pertanian nu aya di urang, bejana meunang ngadatangkeun ti luar daerah. Asa papalingpang jeung tiori, patani ukur tinggal daki dumeh lahan tatanen ngabadeg nu alih pungsi, bongan diarijinan kunu boga kawenangan, sasapaan teuing,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: Masuk Daerah Blank Spot, Panwaslu Kalimanggis Kuningan Sikapi Desa Kertawana dan Wanasaraya

“Piraku teuing Mang, moal patos-patos ngaku daerah agraris upami teu luyu sareng kanyataan di lapangan?” tanya Si Otong, pura-pura teu apal. “Gandeng deuh, nyaneh mah sok ngabodor. Ulah api-api belegug maneh teh bari jeung enya boloho oge.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x