Sabulangbentor: Nu Didahar Kudu Halalan Toyiban

- 8 Maret 2024, 18:39 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Cek dina elmu kasehatan, sangkan awak urang jagjag waringkas tur sehat jasmani katut rohani nu didaharna kudu bergiji. Ulah asal beuteung seubeuh, asal gendang antukna kari nundutan. Sakumaha anu dicatet dina elmu menu, dahareun teh kudu nyumponan kana opat sehat, lima sampurna. Ngan sok aya nu kaleuleuwihi, abong sagala nyampak, opat sehat, lima sampurna, genep kamerkaan. Sasapaan teuing…..!

“Aneh nya Tong, aya anak nu beunghar sakolana bodo tur awakna begang deuih. Ari budak anu diparaban boled pangawakanan mani lintuh tur sakolana pinter deuih. Kunaon nya ari kitu?” tanya Mang Suadma. “Meureunan bakat awakna begang mah. Sual sakolana bodo, sugan budakna tara ngapalkeun, Mang!” tembal Si Otong.

“Piraku teuing. Mungguh sareat mah kudu leuwih ti pinter tur sehat da nu didaharna bergiji. Sabab sagala kayang budak teu weleh diturutkeun. Menta dahar jeung naon bae ku kokolotna ditedunan, ngan aneh angger we bodo malah bantongor deuih,” walon Mang Suadma. “Eta mah kedah dipariksakeun ka dokter Mang,” jawab Si Otong.

Baca Juga: Caleg DPRD Terpilih NasDem Kuningan adalah Pasangan Suami-Istri dan Anak Kades Linggasana

“Dipariksakeun pedah naha, budak teu gering, teu panas tiris, kudu dipariksakeunana, pedah naha?” Mang Suadma, malik nanya. “Apanan pedah awakna begang tur uteukna kuled, padahal anu dihuapkeunana teu lesot tina menu opat sehat lima sampurna,” tembal Si Otong. “Budak begang ge jenuk nu pinter, malah budak gendut pinuh ku gajih teu bisa usik malik. Lain masalah begang atawa gendut budak uteukna teu hancer mah, Tong!” cek Mang Suadma.

“Nya kumaha kitu, tina masalah naon atuh Mang?” tanya Si Otong. “Heueuh atuda anu dipikiran teh ukur parab budak sacara sareat, bergiji, ngandung protein, pitamin jeung sabangsana. Geuningan buktina, anu sakitu dahareunana saditueun ti bergiji, lain ge tambah pinter, teu nyaho teuing Ka mah,” walon Mang Suadma. “Ari kitu kedah kumaha supados anak incu urang perceka, cerdas, takwa jeung parigel (terampil)?” tanya Si Orong.

“Ceuk Mamang mah, salian menu opat sehat lima sampurna, aya nu leuwih penting kayaning, halalan (nu didaharna barang halal). Sabab lamun teu halal bakal aya mamalana, teu tumiba ka awak bisa jadi musibah karandapan ku anak. Nu matak kudu ati-ati ari mere barangdahar ka budak teh. Cek agama, nu didahar ku urang jeung sakabeh anggota kulawarga kudu halalan toyiban (halal tur hade bergiji).

Baca Juga: Pemdes Babatan Kuningan Gelar Tanam Cabai Serentak, Upaya Sejahterakan Rakyat dan Kendalikan Inflasi

Ulah abong kena keur jeneng atawa jenuk duit, ari nu dilebokna sagala bres, teu mandang harom, subhat atawa hukumna remeng-remeng. Tah model kitu nu matak keuna balai teh, padu gabres bae bari jeung teu jelas hukumna, naha eta dahareun teh tina ladang usaha anu halal atawa sabalikna, ladang gagaridus anu hukumna harom?. Eta mah kari introspeksi bae ka diri masing-masing!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x