Sabulangbentor: Kudu Pinter Maca Situasi Jeung Kondisi

- 17 April 2024, 02:21 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Kolot baheula mah lamun nyarita rea nu ngandung siloka (gambaran) anu kudu dilenyepan. Upamana bae; kudu asak-asak nya ngejo, bisi tutung tambagaba, kudu asak-asak nya nenjo bisi kaduhung ahirna. Hartina, lamun urang teu cerdas enggoning nangtukeun pilihan atawa pamadegan, bisa bae isuk jaganing geto matak kaduhung ahirna.

Aya deui babasan, hanjakal mah tara tiheula, dimana-mana oge ari keduhung mah saenggeusna ku urang dipilampah. Kitu kira-kira cek kolot urang baheula da ku barudak ayeuna mah eta babasan teh kurang dipiwanoh.

“Eta kalimah teh pasekeun da ku barudak alam kiwari mah moal kaharti, padahal eta teh ngandung harti anu kawilang jero. Cindekna, lamun hirup urang teu ati-ati matak cilaka tur kaduhung ahirna. Ngarti anjeun?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: Tersiar Kabar, Dian Rachmat Yanuar akan Disandingkan dengan Ketua DPD Golkar Kuningan, Mungkinkah?

“Ngartos Mang, numawi abdi mah teu weleh diregepkeun saniskara anu diwasiatkeun ku sepuh teh. Margi ari sepuh urang parantos legok tapak, genteng kadek tur le jembar ku pangalaman. Apanan aya dina paribasa Indonesia oge; Lama hidup banyak dirasakan, lama berjalan banyak dilihat untuk jadi pengalaman,” kitu manawi Mang, teu benten tebih,” walon Si Otong.

“Tah geuningan, anjeun kawilang cerdas enggoning nerjemahkeun saniskara kahirupan. Sabab lamun jalma teu boga pamadegan atawa ugeran hirup, tangtu isuk jaganing geto bakal karasa balukarna,” cek Mang Suadma.

“Leres pisan Mang, komo ayeuna kalebet taun pulitik, anu sakedep deui bakal aya pilihan pamingpin di lembur urang. Upami urang hirup sagawayah tangtos aya pimatakeunana. Supados urang teu kabelejog (terjebak) ku situasi anu kiwari nuju bergulir, maka kedah atos-atos dina nangtoskeun pilihan calon pamingpin ka payun,” jawab Si Otong.

Baca Juga: Benarkah PKB akan Mengusung Sekda Kuningan dalam Pilkada?

“Andika mah ulah kapalang jadi jalma bener enggoning nangtoskeun pilihan kudu make akal sehat, poma ulah dumasar kana kepentingan sesaat bari jeung ada udang dibalik batu. Sagala rupa ge lamun ukur ngalajur hawa napsu demi kapantingan beuteung, kadituna hirup moal barokah, mungkin buahna jadi musibah da berpikirna ukur melaan beuteung.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x