Sabulangbentor: Kagila-gila Teu Kuat Ngaletak Busiat

- 2 Mei 2024, 13:25 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Samemeh jadi pejabat eselon III boh eselon dua teu sirikna ti poporose hayang nyangkin eta kalungguhan. Atuh keur nu boga tanaga (modal) mah ngarasa PD, komo bari jeung aya tuturusna mah moal matak hese, sabab aya nu dipake anggeuhan tea. Eta mah upamana ngarana oge, lain harti nu sabenerna, ayana ge di daerah batur da di lembur urang mah moal pati euweuh jigana. Ah... duka teuing. Kumaha sanggeus ngahontal kalungguhan jadi eselon III atawa Kapala Bidang, upamana?.

“Jamak we atuh saupamina leres aya anu model kitu teh Mang, malum ari tos nyangking kalungguhan mah seueur hanca padamelan anu teu acan rengse, sibuk ku urusan itu, riweuh ku masalah ieu, langkung ti kitu tangtos keder oge kunu jul-jol darongkap dalih silaturahmi tea sareng sajabina. Kitu manawi Mang, urang teh kedah ngamalum,” cek Si Otong.

“Dasar andika mah sasama pelat merah, ngabelaan pisan kanu model kitu teh. Apanan kaula kungsi ngebel jeung nga-SMS/WA ka eta jalma tapi teu embut teu renghap. Kaula mah lain hayang dihormatan. Naon hesena mun aya nu nga-WA dijawab ku WA deui, kilangbara ngangkat telepon mah. Atuda ieu mah ngajawab ku WA bating, komo ngangkat telepon mah, jiga nu haram.

Baca Juga: Peringatan Ulang Tahun Desa Pamulihan Kuningan Ke-319 Kerja Sama dengan Tim Penelusur Kesultanan Cirebon

Ulah pedah keur dipercaya jadi pabeasan ku pingpinan. Aneh Ka mah?” omong Mang Suadma, ngarasa aneh saumur nyunyuhun hula, atawa hari ginih, aya keneh nu model kitu. “Atos Mang.... atos Mang...! upami leres aya nu kitu teu kedah dibahas komo upami kapapanjangan mah. Kirang sae,” Si Otong semu mepelingan ka jalma kolot.

“Kaula ge ngarti kana omongan andika, tapi naon hesena ngajawab ku WA, teuing sakecap atawa sauket teh, ari embung ngajawab ku omongan mah. Kaula mah sok mangpaurkeun, kumaha teuing lamun eta jalma jadi kapala dinas atawa kapala badan, meureunan rea jalma anu kuciwa ku paripolahna. Naha pedah WA/SMS-na lain SMS daging sugan? Atuda rek SMS tulang atawa SMS daging naon haresena ngajawab najan ukur sakecap,” omong Mang Suadma.

“Bilih atuh Mang saupami saatosna janten eselon dua mah tiasa ngawaler, manawi eta ge?” tembal Si Otong. “Ngajawab-ngajawab 70, komo engke nu ngahalowna leuwih rabul, sabab rea jalma nu berkepentingan. Aya dina babasan, ada gula ada semut. Cik atuh ari hirup teh ulah kagila-gila teuing, WA teu dibales, telepon teu diangkat, padahal tacan jadi pejabat tinggi, jiga nu teu walakaya pisan.

Baca Juga: Disdikbud Kuningan Taburkan Penghargaan Bagi Sekolah Berprestasi di Upacara Hadiknas, Ini Daftar Penerimanya

Cek kolot tea mah, ulah kagila-gila teuing hirup teh geus teu kuat ngaletak busiat-busiat acan, cek paribasana. Pedah wae ayeuna jenuk nu nga-WA jeung nelepon soteh keur nyekel posisi anu strategis, da lamun geus teu jadi nanaon mah, cadu teuing lamun pada nelepon atawa nga-WA kanu model kitu teh, atuda rek naha! Kabau-bau sungut...!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah