Sabulangbentor: Dasar Dunungan Boga Pakarepan, Jadi Tah Kasebut Anak Emas Atawa ABS

23 Februari 2023, 06:36 WIB
Ilustrasi Sabulang Bentor rubrik bahasa Sunda Kabar Cirebon ngebahas soal Tunda Bayar.* /Kabar Cirebon/

KABARCIREBON - Sakabeh dunungan atawa pingpinan boga pakarepan sewang-sewangan sajeroning nganilai bawahanana. Aya nu kasebut anak emas atawa ABS (Asal Bos Sugema), biasana bawahan model kitu pangkapakena ku dunungan teh.

Atuh sabalikna, najan pinter atawa cerdas tur hade gawena, ari can bisa nganyahokeun kana kahayang dunungan, angger we disebut bersembrangan atawa dianggapna teu loyal ka pingpinan.

“Sapertos kumana anu kalebet anak emas teh Mang, abdi mah asa teu rumaos janten anak emas?” tanya Si Otong.

Baca Juga: BTPN Syariah Ajak Ratusan Nasabah Inspiratif Umroh Satu Pesawat

“Atuda andika mah normatip-normatip bae, can bisa nerjemahkeun kahayang dunungan. Apanan ari bos mah, ku kicepna oge sarua jeung parentah,".

"Komo lamun can ngarti kana kiceup akang atawa harewos bojong, kaasup tacan lulus jadi anak emas,” omong Mang Suadma.

“Punten Mang, abdi sanes teu tiasa milampah gaya sapertos kitu teh, margi asa papalingpang sareng hate sanubari. Margi bilih kumaonam tea, atanapi inggis ku bisi aya balukarna tea, saupamina abdi bade ngagugulukeun bae kahoyong dunungan,".

Baca Juga: Bendahara DPP PPP, Arya Permana Graha Siap Kembali Bertarung di DPR RI

"Ari sanes sakedahna dipilampah hanas ku urang dilakonan, lebah numbuk di-apes, apanan matak balai,” walon Si Otong.

“Bener oge andika, ngan nya kitu, lamun andika loba teu sapagodosna jeung kahayang bos, nya wayahna lamun dibaeudan teh. Memang kitu resikona, buktina hayang naek eselon ge nya hese beleke, papada naek jabatan ditempatkeunana dinu garing, eta ge jiga nu kapaksa papada mere jabatan oge,” tembal Mang Suadma.

“Kaula ge apal andika teh kaasup hade gawena tur pinter deuih, tapi lebah dieu mah can karuhan kasebut hade, salagi tujuan politis dunungan can bisa direalisasikeun. Najan andika pinter oge can karuhan disebut merenah kana manah bos,".

Baca Juga: Usung Tema Untuk Hari Ini dan Masa Depan Indonesia: Astra Grup Cirebon Raya Peringati HUT ke-66 Astra

"Buktina anu teu pinter tur gawena biasa-biasa bae ari apal kana lilingeran pingpinan mah apanan jabatan ge bisa milih sorangan. Kitu lain nya, Tong?” Mang Suadma, malik nanya.

“Sanes wadul Mang, karaos ku abdi oge. Papada didamel oge asa dihihileudanan bae upama urangna teu sobar-sobar teuing mah matak ngabatin,” jawab Si Otong.

“Tuh geuningan bener oge nya? Najan kitu urang ulah peunggas harepan da bongan jadi bawahan,".

Baca Juga: Nikmati Wisata Alam Majalengka, Ada Sungai Diselimuti Sinar Cahaya Pelangi Menembus Gua, Ambil Kamera

"Numatak bisi isuk jaganing geto andika kaparengkeun jadi pingpinan, poma ieu mah wasiat ti Mamang, lamun resep atau teu resep ka hiji jalma atawa ka bawahan ulah kaleuleuwihi,".

"Sakumaha anu kaungel dina katerangan, teu satiap anu dipikacinta/dipikarsep ku urang bakal nguntungkeun. Pon kitu sabaliknya, teu satiap anu dipikangewa atawa dibenci ku urang bakal ngarugikeun,".

"Sabab dina diri manusa teu salilana bener bae jeung teu salilana salah bae, apanan aya kasebutna, bener bae lain malaikat salah bae lain setan. Numatak lamun nganilai jalma, andika mah (nya Tong), kudu obyektip, proporsi tur propesional. Ulah pedah gede golosorna bae...!” omong Mang Suadma.(Kang Emsul/KC)

Editor: Muhammad Alif Santosa

Sumber: Rubrik Sabulangbentor

Tags

Terkini

Terpopuler