SABULANG BENTOR: Dipangkas-Repokusing-Rasionalisasi = Dikurud

2 Maret 2023, 08:30 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/


KABARCIREBON - Memang palalinter kana ngareka-reka basa supaya endah, dipapayus sangkan alus, diutak-atik ambeh cantik jeung satarerusna.

Da lamun lain ahlina mah matak menit, malah saditueun ti menit ngareka-reka basa sangkan kadengena ngeunah tur merenah kana manah sangkan leuwih tugenah. Dhoh.... eta ukur tamba mepende sangkan nu ngadengena teu marotah teuing.

“Atuda geus aya ti dituna urusan ngagulak gilek istilah atawa kalimah, naon hesena. Komo lamun aya nu muruhanana, anu tadina teu bisa oge bisa ngadadak cerdas,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Sabulang Bentor, Tunda Bayar Ulah Lila Teuing Ditundana

“Saha nu diburuhan Mang? Bageur Mamang mah enjing keneh tos aya nu muruhan,” cek Si Otong, mancing-mancing Mang Suadma.

“Muruhan-muruhan 70, dimana atuh. Aya eta oge anu muruhan mah ukur tina ladang koprek (buburuh ronda peuting),” jawab Mang Suadma.

“Sanes itu anu dimaksad ku abdi mah, aya numuruhan nu ngutak-ngatik basa sangka kapirengna merenah tur tugenah kana manah,” walon Si Otong.

Baca Juga: Nama Alat Musik Karya Roni Sachroni Budayawan Kuningan Ini Akronim Bahasa Sunda

“Tah .. eta pisan kaula mah sok ngalem kanu palalinter model kitu teh, ngagulak-gilek istilah bari jeung hartina lamun disundakeun eta-eta kenah.

Upamana bae kenaikan harga disebut disesuaikan, sesuai naonna? justru ku naek na harga teu sesuai jeung kamampuhan sakumna rahayat.

Ulah ukur pinter nyieun istilah bari hartina eta-eta keneh anu karasa jalma leutik mah,” omong Mang Suadma, panjang lebar.

Baca Juga: Di Tahun Politik, Menteri Pariwisata dan Ekonomi Kreatif Nitip Ekraf ke Bupati Kuningan

“Oh kitu Mang, asa nembe mireng, manawi abdi anu teu acan dugi kana pangajaran bab ngutak-ngatik istilah mah,” tembal Si Otong.

“Ulah kitu, wadul teuing andika mah. Apanan andika ge sok kabawakeun kana ngutak ngatik istilah oge lain?” tanya Mang Suadma.

“Teu ruamaos abdi mah, Mang. Margi abdi mah elmuna deet keneh. Tiasa oge semet nyarios pelacur dirobih kana prostitusi, malihan aya nu langkung terhormat Mang!” tembal Si Otong. “Naon tah nya Tong?” Tanya Mang Suadma.

Baca Juga: Sudah 2 Kali Jadi Bupati Kuningan, H. Acep Purnama Siap Mencalonkan Lagi

“Tinas prostitusi upami hoyong langkung terhormat nya eta mah kedah digentos ku istilah; Petugas Birahi Komersial,” omong Si Otong, tambah ngacamprung.

“Pantesan lamun anggaran dikurangan, awalna make istilah dipangkas, atuh sangkan leuwih keren diganti ku istilah repokusing, malahan ayeuna aya deui istilah anyar rasionalisasi.

Keur nu salepel jeung Mamang mah masing eta istilah rek dijungkir balik da angger hartina eta-eta keneh. Ngan bae keur nu euweuh gawe sok disiasati supaya seolah-olah leuwih sopan.

Baca Juga: Ada 3 Isu Paling Hot Terjadi di Kabupaten Kuningan

Padahal naon bedana pengurangan anggaran awalna disebut dipangkas, jadi repokusing, lewih lemes deui rasionalisasi da hartina sami mawon, angger dikurud cek urang lembur mah.

Masing istilahna diganti sarebu kali tapi ari karasana matak ngababandolan (membebani) kana kahirupan rahayat mah mending togmol bae, anggaran dikurud sa-anu persen.

Titik. Da Moal aya nu protes ieuh ka menit-menit ngutak-ngatik istilah bari jeung karasana kitu-kitu keneh, anu puguh mah matak jangar kana babatok (sirah),” omong Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler