Pamingpin Ulah Ngeupeul Ngahuapan Maneh

- 8 Agustus 2022, 09:43 WIB

SAKUMAHA kaungel dina katerangan, satiap pamingping bakal ditanya  kapamingpinana. Atuh ti mimiti pamingpin rumah tangga tepi ka pamingpin nu pangluhurna moal luput tina pananya Nu Maha Kawasa di yaumil ahir jaga. Lebah dinyana mah matak keueung tur inggis alahbatan maut hinis, rempan alahbatan maut pedang, ceuk paribasana.

“Numatak ulah lalawora ari jadi pamingpin teh, najan ayeuna salamet  ngerempak  sumpah jabatan tur bisa ngeles tina pakta integritas, eta mah ukur dihareupan manusia. Engke mah moal bisa, nu matak anjeun, Tong, kahade mangka ati-ati, ayeuna keur dipercaya nyekel kelungguhan najan ukur nu panghandapna,” ceuk Mang Suadma, mepelingan ka si Otong.

“Leres pisan Mang, upami emut kadinyana mah matak palalaur, sanaos awalna dinitian sae, lebeh diperjalanan tiasa bae ngagaleong alatan kagoga karobeda ku haliah dunya,” walon Si Otong.

“Nya heueuh atuh, kahede lamun urang geus niat hade ulah dicacaban deui. Kayaning moal ngadahar barang anu lain hakna, saperti ngutak-ngatik duit nagara jeung sajabana, najan teu pira, tetep aya balitunganana di alam kalanggengan engke. Etana duit saha dipake sakarep dewek teh, apanan aya nu bogana, nyaeta rayat saalam gorombyangan,” jawab Mang Suadma.

“Nuhun Mang, kana pangemut-ngemutna ka abdi. Da dihenteu-henteu ge abdi teh, sanaos jabatan karek nentet da gogoda kana pidursilaeun mah aya bae. Malum hawa dunya, upami urangna teu kandel sareng teu kiat imanna mah tiasa kacandak ku nu sakaba-kaba,” tembal Si Otong.

“Sukur atuh ari anjeun ngartina kana bebener luyu jeung dadasar agama mah. Sabab mun taya nu ngelingkeun, sagala rupa anu aya di hareupeun urang, lamun keur kausapan jurig, asa nu boga sorangan bae,” omong Mang Suadma.

“Nya aya jalmi sapertos kitu, abdi mah asa teu patos yakin,” tembal Si Otong, pura-pura teu ngarti.

“Lain aya-aya deui atuh, Tong. Malahan saditueun ti aya, sabab ari jalma mah keuna ku sipat sarakah. Biasana mun geus boga hiji hayang tilu, geus boga sadeupa hayang dua deupa jeung saterus, salagi tacan nyanghulu ngaler mah moal aya seubeuhna ku urusan dunya mah. Numatak ayeuna anjeun keur dipercaya jadi pamingpin kudu ekstra ati-ati. Kahade anjeun bisa isuk jaganing geto kaparengkeun jadi pamingpin nu leuwih luhur ulah rek ngeupeul ngahuapan maneh. Hartina, ongkoh ngaku keur ngurus rahayat, tapi rayat anu diurusna angger sangsara. Ari dewekna kalah tambah kaya sagala boga.Lebah endi atuh merjoangkeun jalma leutikna, hanas sorangana leuwih mamur tinu diperjoangkeunana. Ari pamingpin mah lamun rayatna sangsara, pamingpin lapar tiheula. Pon kitu lamun rayatna wareg, karek pamingpin daharna pandeuri. Piamanaeun kitu mah. Lain tibalik, rayatna sangsara pamingpinna sagala boga, teu berbanding lurus antara sumpah jabatan,  pakta integritas jeung kamamuran rayatna. Dhoh...anjogna mah...!” omong Mang Suadma.(Kang Emsul)

Editor: Dandie Kabar Cirebon


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah