Sabulangbentor: Sabada Dilantik Siapkeun Biaya Keur Piknik

15 Oktober 2023, 18:59 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Ayeuna mah dilembur teh karasa reugreugna sabada boga kepala dipinitip anu anyar dilantik sawatara waktu kaliwat. Komo keur kepala anyar mah anu karek make baju kebesaran serba bodas dipasieup tanda sagede cangkang jengkol atuh puguh karasa pisan gagah tur wibawana.

Kumaha teu wibawana geura, tangtu eta pakean kebesaran teh lain seragam samanea, tapi ngandung waragad teuing sabaraha gedena.“Mamang mah ngarasa bungah dumeh di lembur anu tadina aya kakosongan jabatan dieusi ku pejabat sejen, ayeuna geus aya kapala dipinitip,” omong Mang Suadma.

“Sae atuh Mang, urang teh bilih peryogi katerangan jalan atanapi bade aya kaperyogian sanes kedah aya serat ti kapala nu aya di lembur,” tembal Si Otong. “Ngan meureun samemeh ngalengkah jauh enggoning milampah pagawean kudu aya pembekalan heula. Beda jeung nu nyangking kalungguhan kadua kalina masing taya pembekalan oge da geus pangalaman mangsa katukang,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: Koperasi di Kuningan Diberikan Pilihan Untuk Menilai Dirinya Sendiri, Close Loop atau Open Loop

“Teu tiasa kitu Mang, eta mah tos janten kabiasaan anu baku, saupamina rengse dilantik kedah sadayana ngiringan kegiatan pembekalan. Leres kana kitu mah, da upami teu dipasihan pembekalan bilih rampang-rampeung enggoning masihan pangladen ka masarakat. Numawi wajib eta pembekalanan teh da biasana ge kitu, Mang,” omong Si Otong.

“Ngan bae biaya pembekalan teh gedena, cenah teu angger. Unggal periode jumlahna kawilang badag, bener atawa teu salah eta beja teh?” tanya Mang Suadma. “Duka atuh da abdi mah teu kungsi ngondisikeun, bilih atuh ku pihak sanes dilaksanakeunana eta kegiatan teh. Da abdi mah ukur pagawe biasa teu patos uninga kanu urusan nu kararitu teh,” tembal Si Otong.

“Pembekalan memang kudu tur hade, da ngaranana oge pikeun nambahan elmu, nambahan wawasan jeung pangalaman sangkan dina ngalaksanakeun tugas di lembur jadi kapala anu propesional. Panuju Mamang mah,” cek Mang Suadma. “Atuh ari panuju mah teu kedah dikomentaran, Mang.” Jawab Si Otong.

Baca Juga: 94 Bunda PAUD Desa di Kuningan Didorong Untuk Melanjutkan Perjuangan

“Kaula mah lain komentar, meureun ukur masukan bae ka andika anu deukeut jeung orang birokrasi nu ngokolakeun eta kagiatan. Cik atuh pembelakanana di daerah urang bae, ulah jauh-jauh teuing, komo bari jeung nyebrang pulo sagala mah,” tembal Mang Suadma. “Teu kedah pusing-pusing Mamang teh, apanan tos aya biayana oge kantun nyolek bae tina anggaran,” omong Si Otong.

“Heueuh nyarita mah jiga nu heuay, baruk sakieu keur usum harese duit, tapi teu diirit-irit. Heueuh nya Tong, ari keur studi ulin mah jiga nu babarieun pisan nyiapkeun anggaran anu jumlahna sa-ehem teh. Lebah disampeur ku Mamang, biasa lagu angger, gayana gagaro hulu teu ateul, tandaning embung kaciwit.

Paribasa euweuh duit atawa anggaran keur werit, lebah keur ulin mah sakumaha badagna jiga nu saditueun ti babari. Nu matak sabada dilantik siapkeun biaya keur piknik da Mamang ge kana urusan ulin mah hezzzooo....!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler