Sabulangbentor: Hayang Kapake Atasan Kudu Jadi Pabeasan?

- 3 Agustus 2023, 19:59 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Kolot urang baheula rata-rata baroga pabeasan atawa padaringan (tempat nyimpen beas). Tempatna oge dihade-hade tur diperenahkeun di tempat anu kawilang aman sangkan euweuh nu ngaganggu ku nu sejen.

Malah dina nyiuk beasna oge diati-ati bari jeung sideku sagala sangkan Dewi Sri (anu ngageugeuh eta beas) henteu pundung.

Nu matak pabeasan kolot urang baheula teu weleh dipusti-pusti tur diati-ati. Barudak alam kiwari mah moal arapaleun, naon eta pabeasan atawa padaringan teh.

Baca Juga: Siswa SMAN 1 Kuningan Wakili Jabar Melaju ke O2SN Tingkat Nasional Pada September Mendatang

“Dijaman kiwari pabeasan teh ayana di unggal kantor Dinas/Badan/SKPD. Bener henteu eta nya, Tong?” tanya Mang Suadma, nguji kanyaho Si Otong.

“Asa nembe mireng pabeasan ngalih ka kantor, di unggal kantor aya kitu anu disebut pabeasan?” Si Otong malik nanya.

“Nya aya atuh, malah pabeasan di kantor mah diati-ati pisan alahbatan kana pabeasan nu aya di imah kolot urang baheula,” jawab Mang Suadma.

Baca Juga: Dilatih Ayahnya, Pebulutangkis Kuningan Juara ke-1 O2SN Jabar

“Diati-ati kumaha, Mang?” tanya Si Otong.

“Pokona pabeasan kantor mah ulah aya nu ngaganggu wae. Nu bogana iwal ti pingpinan atawa atasan.

Nu sejen ulah aya nu nyaho mun bisa mah, sabab pungsina pabeasan mah keur nyuwuk dunungan sangkan ngarasa sugema luyu jeung nu bogana (bos),” omong Mang Suadma.

Baca Juga: Setelah 3 Tahun, Akhirnya Santri MTs Ar-Ruhama Kuningan Jadi Juara Ke-2 Futsal Saka Pariwisata Cup

“Asa kacida atuh Mang. Dupi pabeasan nu aya di kantor gaduhna saha? Naha gaduhna kantor kanggo nyumponan keperyogian oprasional para pagawe atanapi kanggo kapentingan saha?” tanya Si Otong.

“Apan tadi disebutkeun, pabeasan/padaringan kantor mah husus keur nyumponan kahayang dunungan, lain ukur urusan dines, dalah urusan atawa kapentingan pribadi oge, cenah, sok ngeduk tina pabeasan.

Lamun cek dunungan eta pabeasan kudu dipurak, nya kari nurutkeun parentahna. Nu matak personil anu nyekel pabeasan mah kudu salawasna stenbay,” omong Mang Suadma.

Baca Juga: SMP Negeri 7 Kuningan Siap Menjadi Sekolah Adiwiyata 2023

“Resep teuing atuh nya Mang, satiap pingpinan/pejabat gaduh pabeasan masing-masing. Tangtos nu nyepeng eta pabeasan oge sok kabagi,” tembal Si Otong.

“Nya heueuh atuh, nu matak pabeasan mah selawasna sok dipertahankeun. Sabab lamun diganti atawa sejen jalma, lantaran bisi teu klop jeung kahayang atasan, nu matak lebah dieu mah kudu saling memahami.

Numatak mun hayang kapake ku atasan kudu siap jadi pabeasan, malah bisa jadi anak emas. Ngan bae mun ku urang rek dipikiran, nu dipake nyungsung atasan atawa bos teh duit saha, timana atawa hak saha?.

Baca Juga: Polres Kuningan Petakan Desa Rawan Gesekan Pilkades, 1.000 Personil Polisi Disiagakan

Ari kitu mah nu dipercaya nyekel pabeasan lain konsen migawe tupoksi, kalah mikiran bae bekel keur nyenangkeun dunungan. Naha moal aya matakna nu dipercaya jadi pabeasan jeung nu ngerukanana?.

Harita mah teu naha-naha da meureun sarua nguntungkeunana. Ngan bae iraha-iraha lamun kaboker borokna, meureunan resikona bakal ditanggung ku nu sorangan nu nyekel eta pabaesan.

Da ari dunungan mah pinter, bisa nyingcet lamun aya kitu reujeung kieu teh. Jah... anjogna mah,” omong Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah