Sabulangbentor: Harese Nempatkeun Pagawe Nu Gawena Hade

- 13 Agustus 2023, 17:12 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Ngabandungan pelaksanaan mutasi jeung promosi jabatan di daerah batur lamun rek dipikiran matak kabawa menit. Malah saditueun ti menit, teuing naon istilahna.

Untung eta kajadian lain di lembur sorangan, tapi di daerah sejen, mudah-mudahan gaya mutasi jeung promosi samodel kitu teu diturutan ku daerah sorangan. Lamun enya tea aya sasaruaanana jeung di lembur sorangan, eta mah meureunan kaasupna teu kahaja. Dhoh... sugan mah ngomong jeung tembok, jaaah.......!

“Ari andika geus sabaraha taun nyangking kalungguhan kapala?” tanya Mang Suadma, ngamimitian.

Baca Juga: Bupati Kuningan, H. Acep Purnama Dianugerahi Penghargaan Satyalancana Wirakarya dari Presiden

“Duka lah Mang, matak isin nyariokeunana oge. Atuda lebah usum mutasi sok kasalip bae kunu alanyar. Antukna matak ambek nyedek, tanaga midek, bade ambek-ambek ka saha. Mana kitu oge parantos bagjaning awak bongan abdi kedah janten pagawe,” walon Si Otong, jiga nu peunggas harepan.

“Atuh andika ngalengkah kawas batur. Geuningan nu sejen, sahandapeun andika barisa, karek sataun dua taun gawe geus kabawa deui rotasi anu tempatna merenah tur tugenah,” omong Mang Suadma.

“Duka lah Mang, raraosan mah asa kedah kumaha, teu awon-awon teuing damel abdi teh. Malahan asa cape gawe teu kapake, buktina unggal usum mutasi atanapi promosi tara kacandak bae,” jawab Si Otong.

Baca Juga: Profil Annisa Nurul Azhar, Sang Mahasiswi Politeknik Cilacap yang Lolos Menjadi Duta Maritim Indonesia

“Atuh tarekahan, piraku eleh ku batur. Komo ayeuna jaman kamajuan, ulah ngotokowo bae di gowok atuh. Apanan ari jalma teh hayang hirup nu leuwih maju ku cara nyiar elmu bari lumaku, neang luang bari leumpang.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x