Sabulangbentor: Program Caang Tibeurang Mah Teu Aneh, Bro.....!

- 8 September 2023, 14:30 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Harita Mang Suadma keur budak keneh kaayaan dipilemburan teh poek mungkleng buta rajin. Hartina, tacan kasasaban ku tehnolohi penerangan anu diwangun ku nagara. Anu kasebut jalma beunghar lamun imahna hayang caraang, iwal ti jalma nyeungeut lampu patromak.

Da rereana harita mah di unggal imah teh nyeungeut cempor atawa delepak, atawa nyeungeut lampu tempel alias lampu gamblok.

“Barudak alam kiwari mah moal arapaleun anu kasebut delepak, lantera, cempor, lampu gamblok jeung sabangsana.

Baca Juga: Meski USP dekat dengan Ketua Pansel tapi Sekda Kuningan Bantah Kondisikan Jadi Direktur PAM Tirta Kamuning

Malah lamun budak sakola keur ngapalkeun tipeuting bari tungkul maca buku, buukna sok karerab ku pucuk seuneu tina lampu semprong (lain kueh semprong). Kitu tah Tong, pangalaman Mamang baheula mah. Maneh kungsi ngalaman?” tanya Mang Suadma.

“Bujeng-bujeng Mang, mireng istilah delepak sareng cempor oge asa nembe kapireng ayeuna, margi abdi teu kungsi ngalaman sapertos Mamang harita,” jawab Si Otong.

“Heueuh da andika mah hirup di alam kiwari, kaayaanana geus beda, hurung ragumang tepi ka baranang ku lampu listrik jeung neon,” jawab Mang Suadma.

Baca Juga: Klinik Sajati Diresmikan oleh Bupati Kuningan, Janjikan Pelayanan Klinis Bermutu Tinggi

“Atuh kantenan, abdi mah lahir di alam milenial, benten sareng Mamang sesa alam kolonial,” tembal Si Otong, nyisiwoan ka kolot.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x