Sabulangbentor: Listrik Caang Ti Peuting, Karek Berita

- 12 September 2023, 17:07 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Ngadenge prohram lembur caang baranang ku listrik jeung neon anu enyoy-enyoyan ti peuting teh naha tacan rampung atawa can anggeus digaweanana? Ari dicanangkeunana mah enggeus cenah, tapi duka iraha anggeusna eta prohram teh.

Muga-muga bae gancang rengse, ulah tepi kajadian keulat ku hama, bisi katepaan panyakit gagal caang. Anu rugi saha? Ah duka teuing da keur Mang Suadma mah unggal poe ge caang, teuing meunang nyolok ti tatangga oge.

“Kumaha nya Tong daerah urang geus kasasaban prohram caang ku lampu penerangan? tanya Mang Suadma.

Baca Juga: Diduga Terjadi Pergerakan Untuk Mengisi Jabatan Kepala Dinas Perubungan Kuningan

“Da abdi mah ti kapungkur ge caraang, poek soteh di kebon awi margi sanes kawasan padumukan. Tangtos anu diprioritaskeun mah anu samasakali teu acan kasasaban penerangan listrik,” jawab Si Otong.

“Baruk eta prohram lembur caraang teh kudu geus ngawujud sababaraha sabulan ka tukang. Lamun ayeuna aya keneh lembur anu paroek mongkleng hartina prohram anu geus dicanangkeun teh gagal meureun nya Tong,” omong Mang Suadma.

“Manawi ari disebat gagal mah henteu, namung teu acan rampung,” jawab Si Otong, semu mangmilukeun ka Pimpro.

Baca Juga: Fatayat PC NU Kuningan Raih Juara Harapan Tiga Lomba Ngakeul

“Nya iraha rampungna? Lamun can rampung-rampung naon ngaranna?” tanya Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x