Sabulangbentor: Papaseaan Ulah Hareupeun Budak

- 13 Oktober 2023, 19:31 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Sajeroning hirup kumbuh rumah tangga, salaki jeung pamajikan, tangtu sok aya paketrokna atawa pacental basana. Atuda entong boroning urang jalma hirup, dalah barang paeh ge saperti piring sok aya paketrokna. Mana komo manusa anu boga pakarepan sewang-sewangan babari pisan ngabalukarkeun pacengkadan enggoning hirup kumbuh rumah tangga.

“Saha nya Mang, anu papaseaan teh? Tanya Si Otong. “Atuh saha deui lamun lain pasangan hirup rumahtangga. Ngan bae lamun eta pasangan rumah tangga papaseanana leuwih tisapoe, lain goreng-goreng deui. Malahan saditueun ti goreng, teuing naon istilahna. Menit lah.....!” tembal Mang Suadma

“Dupi Mamang pedah tos kenging yuswa sok papaseaan keneh sareng nu di rompok?” Si Otong malik nanya. “Rek naha atuh sakieu kakolotanana pacogregan keneh bae mah, mending runtut raut, kacai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak, sapapait samamanis, sabagja ulah ari sacilakana mah. Sabab cek dina katerangan, lamun urang papaseaan jeung saha bae, leuwih ti tilu poe bakal dibendon ku Alloh Swt,” walon Mang Suadma.

Baca Juga: Seluruh Stakeholders Diminta Dorong Percepatan Penanggulangan Kemiskian di Kuningan.

“Leres nya Mang, matak palalaur upami emut ka dinyana mah. Langkung sae urang silih asah, silih asih jeung silih asuh enggoning hirup kumbuh rumah tangga aya dina kaharmonisan demi ngahontal kasalametan katut kabagjaan fi dunya wal ahiroh,” tembal Si Otong.

“Aduh... etah geuning, andika jiga nu heueuh arri ngomong mah. Bisa henteu mraktekeunana?” Mang Suadma, malik nanya. “Moal patos-patos abdi nyarios kitu upami teu acan dipilampah,” walon Si Otong. “Alus Tong, andika mah. Naha bener ieu teh anjeun tara pacental basa jeung nu di imah,” tanya Mang Suadma.

“Sumpah Mang, daek kasep sakabupaten. Atuh dina aya pancental basana oge teu nitih taun kali,” tembal Si Otong. “Alus Tong maneh, muga-muga bisa ngawangun rumah tangga anu harmonis tepi ka paketrok iteuk, cek paribasana. Ngan Mamang rek wasiat ka anjeun, poma ulah sok papasean hareupeun budak matak menit ka anak katurunan urang.

Baca Juga: Tergeser Iwan Bule di Pencalegan DPR RI, Rokhmat Ardiyan Sudah Membayar Iuran Saksi Nomor Urut 1

Pon kitu deui lamun kajadian para pangagung papaseaan hareupeun balarea, apanan anu kabawa jangar mah bawahan. Rayat ukur lalajo bari ngurutan harigu. Anu serba salah mah bawahan, deukeut jeung nu itu bakal dicirian kunu sabeulah, pon kitu sabalikna, cueut kanu sabeulah bakal dinaha-naha kunu hijina. Numatak ulah paseana hareupeun budak, cilaka dua welas,” cek Mang Suadma. (Emsul/KC) ***

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x