Sabulangbentor: Open Biding Aya Sen Ti Pingpinan

- 30 Oktober 2023, 21:31 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Ayeuna mah teu bisa asal comot nempatkeun hiji pejabat teh edselon II teh, iwal ti kudu ngaliwatan seleksi terbuka luyu jeung aturan anu laku. Pikeun pagawe anu boga harepan ka hareup tangtu bakal disorang kalawan daria (serius). Ngan anehna sawatara pagawe senior anu kungsi milu open biding taun kamari rea nu teu milu.

“Ari kitu naha nya Tong? Bareto ngudag-ngudag hayang unggah kalungguhan, lebah aya kasempatan ngaliwat open biding teu dipaju. Lebar nya Tong?” tanya Mang Suadma. “Kantenan atuh Mang, sanes lebar-lebar deui. Saurna upami aya kasempatan kedah buru-buru dipaju. Ari aya peluang sapertos anu ngalolembar. Duka abdi ge teu ngartos, Mang,” jawab Si Otong.

“Meureun pagawe anu teu miluan open biding teh aya sabab musababna pangna mugen teu miluan deui ge. Aya nu nyebutkeun anu bakal meunang kalungguhan strategis moal dikasasahakeun. Baruk teh rek dicadongkeun keur putra mahkota,” omong Mang Suadma.

Baca Juga: Kesatuan Perempuan Partai Golkar Kuningan Dikukuhkan

“Gagabah Mamang nyarios teh, abdi bae anu sadidintenna di Pemda asa teu mireng aya Putra Mahkota. Margi upami aya Putra Mahkota, tiasa janten aya putri mahkota, duka eta oge,” tembal Si Otong.

“Tuh geuningan andika oge apal, bisa jadi bakal aya putra mahkota anu bakal nyangking eta kalungguhan. Da samemeh andika nyarita ge, Mamang kungsi ngadenge beja. Eta ge duka enya, teuing bener, anu puguh mah geus disiapkeun lahan keur putra mahkota, pajar teh,” tembal Mang Suadma.

“Ulah sok waka suudon Mang, tudah-tuduh kanu can karuhan lepat, bilih kuma onam. Margi sakaterangan abdi proses open biding mah estu dipilampah kalawan obyektip tur transparan. Kitu manawi, margi nu ngujina oge ti pihak independen, bade kumaha aya Putra Mahkotana,” walon Si Otong.

Baca Juga: Fix, 17 Pejabat Kuningan Berebut Peluang Emas melalui Open Bidding

“Kitu soteh cek andika, moal pati-pati ibur salelembur, ear sajajagat, lamun taya buktina,” cek Mang Suadma. “Duka atuh manawi eta mah isu anu henteu bertanggungjawab, tiasa bae eta isu teu lepat,” omong Si Otong.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah