Sabulangbentor: Open Biding Ulah Ngadagoan Sen Ti Bos

- 31 Oktober 2023, 18:38 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Kasempetan pikeun unggah kalungguhan tina eselon handap kanu leuwih luhur, nya ayeuna pisan mangsana. Atuh kudu daptar luyu jeung pasaratan anu laku, mibanda kompetensi, percaya diri jeung rea-rea deui anu kudu dipilampah.

Ngan bae, cenah, ongkoh hay-hay, tapi er-er rek iluan ngadu nasib teh jadi pejabat eselon dua teh. Atuh salah boga pamadegan kitu mah bisa katinggaleun mubus. “Naha nya Tong jiga nu mandeg mayong rek miluan open biding teh, nya naon anu dipake ganjelan ku andika?” tanya Mang Suadma.

“Teu ganjelan naon-naon, manawi nuju ngilari taiming anu tepat, kumaha sangkan urang lolos tina eta seleksi,” jawab Si Otong. “Heuh..... andika mah ugat-uget bae ari aya kasempatan jeung peluang teh. Batur mah pating berebet hayang nyangking eselon luhur teh, ari ieu jiga nu kaleked pisan. Nya naha?” Mang Suadma, malik nanya.

Baca Juga: Rencana Mutasi di Kuningan Malah Bimbang, Belum Ada Kejelasan Waktu Pelaksanaannya

“Atuda kapungkur ge kantos ngiring, Mang, namung gagal, manawi teu acan kamilikeun abdi janten pejabat luhur,” tembal Si Otong. “Andikana atuh ulah normatip teuing, jaman ayeuna mah kudu rasa bisa pupulitikan ambeh rada dianbeuan kunu boga kawenangan,” tembal Mang Suadma.

“Geuningan Mamang nyarios kitu, teu kenging atuh, margi pagawe mah kedah netral. Teu kenging pupulitikan,” jawa Si Otong. “Heueuh nya Tong, kaula mah ukur nguji ka maneh. Sukur atuh ari andika tetep panceg tur ajeg dina nanjeurkeun bebener mah,” omong Mang Suadma.

“Ari kitu abdina kedah kumaha sangkan lungsur langsar enggoning ngalaksanakeun open biding?” tanya Si Otong. “Cek kaula ge andika kudu gede wawanen, teu kudu keder-keder, kari der bae miluan open biding. Sabab lamun teu kitu, jabatan andika moal ised-ised,” tembal Mang Suadma. “Manawi abdi mah bade ngantosan sen ti dunungan, Mang. Maksadna upami parantos aya sen mah manawi tiasa janten catatan anjeunna,” walon Si Otong.

Baca Juga: 17 Pelamar Open Bidding Kuningan, Juga Melaporkan Harta Kekayaannya

“Atuh salah kudu ngantian sen di bos bae mah. Tungtungna sen euweuh, milu open biding hanteu, nya lapur meureunan. Eta mah aya sen euweuh sen der bae milu open biding, nandakeun urang aya kahayang. Lamun teu milu atawa nganti-nganti bae kiceup akang, nya rek iraha ngiceupna? Eta mah aya kiceup euweuh kiceup, aya sen euweuh sen ti pingpinan, cek kaula mah paju bae milu open biding.

Eta teh nandakeun urang aya kahayang, tapi lamun cicing bae tangtu disebutna euweuh kahayang. Numatak saran ti Mamang mah, prak anjeun geura tandang makalangan di medan joang demi ngahontal cita-cita sakumaha anu diharepkeun.

Ulah ngadogoan sen ti Bos (yuser) rek iraha dibere sen na. Cacakan nu geus dibere sen oge aya keneh nu misleuk, komo nu taya kelemengna. Jah, sugan mah, ngarana ge PHP bisa bae dina waktuna jadi Pamere Harepan Poho (PHP) deui bae, dhoh, anjogna mah,” omong Mang Suadma. (Kang Emsul/KC) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

 

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x