Sabulangbentor: Unggal Aya Mutasi Sok Kahieuman Bangkong

- 2 November 2023, 21:02 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Padahal jenuk pagawe anu mibanda kopetensi pinunjul tur rada nyongcolang ti batur. Sakapeung sok aneh, mutasi nu tiheula saditueun ti aneh, cek jalma bodo, mana komo keur nu pinter.

Atuda kumaha teu matak anehna geura, cek salasaurang pelaku seni, ibarat tukang rebab dititah ngagendang, pamaen saron ku nabeuh goong jeung rea-rea deui kaanehan. Nu matak lamun aya kitu reujeung kieu teh ulah waka nyalahkeun sasaha, tapi kudu instropeksi pedah naha kajadian samodel kitu?

“Antukna teu saeutik pagawe nu peunggas harepan malah ngarasa cangcaya kana eta aturan anu sakitu hade teh. Pangna kitu, atuda dina dawuhna aya promosi atawa mutasi asa kitu keneh kitu keneh, mudah-mudahan engke mah teu kitu, tukang gendang ulah dititah nabeuh gambang apanan dina dipaksakeunana oge matak recol. Tapi asa bener we najan eta kabijakan teu populer oge,” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Unisa Kuningan Gelar Wisuda ke-8

“Asa piraku nya Mang pingpinan tertinggi teu apal ka aparatna nyalira? Ngan anehna unggal aya mutasi, pagawe nu gawena sae sok kabunikeun bae. Teu ngartos abdi mah Mang? Buktosna unggal aya mutasi sareng promosi pagawe anu damelna sapertos anu kabunikeun kelong,” walon Si Otong.

“Biasana ari nu gawena hademah tara teterejelan, rek ngomong heurin ku letah tur teu wasa rek wakca balaka teh. Biasana papawe anu bener, pinter, jujur, bageur jeung mah sok ngarumakeun diri, nu aya teh era jeung era bae, beda nau jeung saradak suruduk,”

“Leres nya Mang, alam kiwari mah anu lalincah tur paliter akal jeung ekolna, anu ting alabring ka pendopo jiga nu garampileun hoyong unggah jabatan teh,” walonj Si Otong. “Padahal numutkeun totoongan Mamang, ajan ayana di jero leutak teu sakabeh kokotor, tapi bisa bae aya mutiara anu kabudinekeun anu jiga nu api-api teu nenjo,” jawab Mang Suadma.

Baca Juga: Jabatan Staf Ahli Bupati Kuningan Paling Diburu oleh Pelamar Open Bidding

“Benten deui sareng nu sadidintenna ngalandar, parahi hayang kapeunteun ku dunungan, ujug-ujug cle we meunang posisi jabatan anu merenah,” cek Si Otong. “Nu matak kumaha nganilaina eta tehm ulah sok tibalik liang wadukna, ari kanu ngararambang ngagelempeng koneng di walungan dibaeu-baeu lebah mutiara terpendam diapilainkeun, aneh Ka mah.....!” tembal Mang Suadma.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x