Sabulangbentor: Unggal Aya Mutasi Sok Kahieuman Bangkong

- 2 November 2023, 21:02 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

“Manawi panonna kapeureupeunan, Mang?” tanya Si Otong. “Disagedengeun kapeureupeunan teh, sok kabongbroy kunu ngarambang ngalampereng koneng alias waduk. Padahal di unggal SKPD aya sawatara mutiara anu tara kucah-kicih, ubrang-abring jeung saterusna tapi mibanda kopetensi.

Malahan rereana nu taliarap, maranehnana mah pantang lamun kudu menta jabatan teh. Padahal nu kitu kudu meunang pangjeujeuh ti petinggi teh. Ngan anehna unggal aya mutasi sok kabunikeun bae, alias kahieuman bangkong, cek paribasana. Padahal eta pagawe sakitu hadena tapi tara kabawa mutasi nya pedah naha?” tanya Mang Suadma. (Kang Emsul) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah