Sabulangbentor: Pendukung Jeung Lain Pendukung Sarua Anak Sorangan

- 15 November 2023, 19:01 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

“Da alusna mah kitu. Tapi buktina nu dianggap teu ngadukung ka manehna teu kuat ruah-raeh ku basa hapa-hapa acan. Cik da ari basa teh teu meuli ieuh, jiga nu teu empan we nenjo jalma nu cop jeung hatena teh, kagila-gila teuing,” Omongna.

“Leres pisan eta mah Mang, da karaos ku abadi ge, pedah teu sosongkolan ngadukung manehna dianggapna jalma papalingpang we. Ulah waka dadah-duduh atanapi goreng sangka ka jalma, can karuhan boa-boa anu ku urang dicap goreng teh jalma nyekel bebener.

Baca Juga: Sebelum Dilantik Bupati Kuningan, PPPK SMAN Ciniru Malah Keburu Dipanggil Sang Maha Kuasa

Pendukung jeung lain pendukung ari geus jeneng mah eta teh rayat urang, rek deog, rek pengkor, sarua jeung anak sorangan. Lebah mana ngarugikeunana, apanan rayat urang oge anu rajin mayar pajeg, tara nyieun kaonaran di lembur, tara ngarugikeun batur naha dihewaan? Nya pedahnaha?” taya Mang Suadma. (Kang Emsul) ***

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah