Sabulangbentor: Pendukung Jeung Lain Pendukung Sarua Anak Sorangan

- 15 November 2023, 19:01 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Ciduh ge acan tuus, asa kamari ieu ngalaksanakeun pilihan teh ayeuna geus rek pilihan deui. Geuningan lembaga pamilihan ayeuna keur tatan-tatan pikeun nyiapkeun sarana katut prasarana kalengkepan sejenna sangkan proses pilihan dina geprakna engke aya dina lungsur-langsar.

“Heueuh nya Tong, asa saserelek pisan ti pilihan ka pilihan teh. Najan dampak tina pilihan ge tacan leler keneh, bakal katumbu ku masalah anyar deui. Rarasaan teh kitu jeung kitu bae nya Tong, teu kaur akur jeung pada batur. Dalah kabudag-badug jeung urusan pulitik mah harese lelerna,” cek Mang Suadma.

“Atuda demokrasi di lembur urang mah teu acan siap Mang. Para kontestan teh kedah gaduh pamadegan, siap meunang, siap eleh. Buktina nu tacan siap mah angger we aya keneh gantar kakaitan,” walon Si Otong.

Baca Juga: Empat Kali Ikuti Seleksi Terbuka JPT Pratama Kuningan selalu Masuk Tiga Besar Sudah Biasa

“Bener pisan andika Tong. Atudan entong boroning keur tingkatan rayat leutik, dalah pangagungna oge jiga aya keneh nu ngaganjel dina hatena. Buktina masih keneh ngawilah-wilah lawan pulitik.

Malah kanu netral ge jiga nu teu empan, padahal netral teh hade, tapi cek pulitik mah angger we goreng, kudu ngeblok bae ka manehna. Teu bisa atuh ari sajagat gorombyangan kudu ngeblok ka manehna kabeh mah!” tembal Mang Suada.

“Duka teuing atuh Mang, abdi mah teu patos ngartos ari kana urusan pulitik teh. Atuda anu bersebrangan dianggap lawan tur dihewaan. Masing teu dikedalkeun ge da karasa, sugan ari jalma teh teu boga rasa. Anu puguh mah masing teu nyarita oge beda da karasana sabab katingali semonna ari kanu teu resepeun mah,” omong Mang Suadma.

Baca Juga: Pimda Nyawah di SDN 17 Kuningan Membangun Pendidikan Karakter bagi Siswa

“Numawi urang mah jalma leutik, teu kedah pupulitikan. Nu penting jadi warga nagara anu hade, nyalurkeun aspirasina luyu jeung gerentes hate kalawan obyektip, tanpa aya maksud sejen, iwal ti hoyong aya dina kamajuan sadaya,” tembalna.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x