Sabulagbentor: Ngadidik Anak Ulah Nyaah Dulang

- 5 Januari 2024, 19:42 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Aya dina paribasa, ngatik reujeung ngadidik budak kudu ti leuleutik, sabab lamun geus jebrog mah ngawarahna hese beleke. Lain ge nurut kanu jadi kolot, kalah ka ngalawan tur malik pasangan. Komo Jaman kiwari, sajeroning ngadidik anak sok salah kaprah, cukup mairan ku pangabutuh sacara lahir. Upamana bae, mere keur jajan, meuli baju, malah dipangmeulikeun motor jeung sajabana.

“Baheula mah ngadidik budak teh kawilang streng. Papada dibere madang (dahar) ku kolot kudu gawe heula. Naha ngarorotek (neangan rangrang di kebon) keur mirun seuneu, macul, ngarambas jeung sajabana. Jaman ayeuna mah diendi atuh budak daek dititah ku kolot kudu ngarambas (ngoyos) di sawah, karek dititah nyeuseuhan baju kurut make dewekna oge nya hese beleke, da kudu ku kolot bae,” cek Mang Suadma.

“Duka atuh kumaha eta teh Mang, ningali budak alam kiwari benten sareng murangkalih kapungkur. Dipiwarang ku sepuh ka sawah, ka leuweung ngala suluh, nanggung kalapetong (dahan garing) keur suluh tara mungpang ieuh,” walon Si Otong.

Baca Juga: Podcast di Radio Pemerintah Daerah Kuningan FM, Sekda Sebut ASN Wajib Jaga Netralitas di Pemilu 2024

“Tah eta teh salah jeujeuhan, ngadidik anak/budak lain ukur mangsa abus sakola, dalah ti alam kandungan ge kudu meunang atikan reujeung didikan kalawan daria (serius), khususna pikeun mere jeujeuhan ka si jabang bayi nu aya di alam kandungan keneh,” cek Mang Suadma.

“Sapertos kumaha masihan jeujeuhan ka bayi nu aya di alam kandungan teh Mang?” Si Otong malik nanya. “Piraku maneh teu apal, pantesan andika sok ngalawan ka kolot keur leutikna, atuda meunang jeujeuhan teh sanggeus diuk di bangku sakola,” cek Mang Suadma. “Janten kedah kumaha, supados eta murang kalih soleh tur toat kanu janten sepuhna, berguna keur agama, bangsa, nagara katut mere mangpaat keur balarea. Tah kedah kidu manawi nya Mang?”.

“Nya heueuh ari ngadidik anak teh ulah nyaah dulang. Hartina, ongkoh nyaah tapi lain dina tempatna anu ahirna ngabalalukarkeun kagorengan jeung kacilakaan keur eta budak. Upamana bae dina bulan puasa, najan anak urang umurna can sasawa keur ngalakonan puasa, tapi dilalanyah ti leuleutik. Ngaranna oge latihan puasa, ukuran budak mah dilalanyah puasa tepi ka bedug (lohor/duhur) heula, atawa tepi asar sukur lamun tepi ka magrib gumantung kana kondisi budak.

Baca Juga: Sebanyak 72 Program Telah Disiapkan untuk Mendongkrak IPM Pendidikan Kuningan

Atuda kumaha ieu mah, teu puasa diantep karep, anak teu ngaji jeung sambeyang (shalat), gogobrogna apilain bae nya rek kuma tumerapna pendidikan karakter anak incu urang ka hareup? Kaula mah asa manghariwangkeun kana kaayaan model kitu teh, najan budak teu kitu kabeh, tapi kan lolobana, Bro....!” cek Mang Suadma. (Kang Emsul)

Dapatkan informasi terbaru dan terpopuler dari Kabar Cirebon di Google News

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x