Sabulangbentor: Aya Keneh Kadis Embung Narima Telepon?

- 14 Februari 2024, 21:40 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Sugan nyangking kalungguhan teh rek salilana, ulah boga anggeuhan pedah ngarasa kapake kubos, sasat geus teu butuh batur hirup, komo kanu sahandapeun mah. Buktina, ari titelepon kunu euweuh deleheunana teu diangkat, WA atawa SMS teu dijawab, geuningan aya keneh manusa nu model kitu.

Teu inget ka hareup bakal kumaha, apanan jalma bageur oge ari geus pangsiun tur taya sihungan mah teu dipihormat cara keur nyekel kalungguhan, da lebah geus pangsiun mah, jah...... naon atuh Bro....! Numatak ulah sok edeg.

“Aya kituna nya Tong di lembur urang pejabat nu model kitu? kumaha rarasaanana, abong kena keur nyekel kalungguhan, geus teu hayang we narima telepon tulang teh (teu matak ngungtungkeun sacara materi),” cek Mang Suadma.

Baca Juga: Penjabat Bupati Kuningan Nyoblos Pemilu di TPS I Purwawinangun

“Teu kedah aneh atuh Mang, manawi urang kedah ngamalum. Bilih nuju sibuk kupadamelan atanapi seueur masalah anu nuju dipayunan, atanpi bilih ngarasa karewong, kitu manawi Mang?” tanya Si Otong.

“Cik atuh ulah kitu, sugan eta jalma lamun paeh, naha rek ngubur sorangan? Meureunan angger merlukeun tanaga batur anu tara-tara acan ditanya atawa anu diapilainkeun ku manehna. Geuningan lebah geus jadi bangke mah angger we nu tara ditanya-tanya acan nu nyieun logak kuburan teh. Kudu inget tepi kadinya ari jadi jalma teh, cek Tong!” omong Mang Suadma.

“Maksadna Mamang teh kumaha, sapertos aya nu ngaganjel dina manah,” tembal Si Otong. “Lain ukur matak ngajanjel dina gegembung, da maneh ge meureun sarua lamun teu dipirosea ku jalma teh, ngan urang mah sok ngarerema sorangan. Cokot hikmahna bae, mana kitu ge manehna meureun keur loba kapusing jeung kariweuh, aamiin...!” cek Mang Suadma ngahaminan ka eta jalma bedegong teh.

Baca Juga: 2 ASN Kuningan Siap-Siap Dijatuhi Hukdis Sedang Akibat Tidak Netral, Apa Sajakah?

“Kunaon geuning Mamang nga-aminan? tanya Si Otong. “Da manusa model kitu mah kuduna diaminan, lantaran kahayangna, nyebut riweuh, nyebut keder jeung sajabana. Padahal ukur kumuplaseu embung kaciwit, sangheuk karewong, embung kaganggu jeung sabangsana. Jah... eta mah jurus,” tembal Mang Suadma

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x