Sabulangbentor: Kudu Bisa Ngatik Reujeung Ngadidik Budak

- 19 April 2024, 22:33 WIB
Ilustrasi
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Nyoreang mangsa ka tukang, kondisi sakola katut kahirupan bapa ibu guruna kacida basajan (saderhana) dina sagala rupana. Murid SR (Sekolah Rakyat) harita, mun ayeuna mah SD, estu nandangan prihatin tur satalangsara deuih. Baju murid ukur saraket diawak lain paribasa deui, da kitu kabuktianana. Guru anu kasubutna mewah ka sakola lain tumpak prahoto (mobil), tapi ngaboseh sepedah.

“Kumaha atuh Mang kaayaan muridna harita aya anu gaya?” tanya Si Otong. “Dimendi teuing, Tong. Barudna ka sakola cukup make kolor anu geus kuleuheu da euweuh deui, jeung make kaos oblong anu sok dipake ngarit. Da budak baheula mah balik ti sakola teh lain ulin, tapi dititah ngarit dumeh boga parabaneun saperti domba, kelenci, mermut jeung sajabana,” walon Mang Suadma.

“Deudeuh teuing, sedih atuh nya Mang?” tanya Si Otong. “Ah, teu sedih teu naha da kahirupan harita mah kitu. Anu kasebutna anak jalma beunghar teh ukur hiji dua, beunang diitung ku ramo sabeulah. Upamana bae anak bapa mantri, anak jalma aya anu pindahan ti kota. Da mekel dahareun ka sakola ge roti. Urang mah harita dahar gemet atawa goreng aci teh geus edeg, asa pangheueuhna,” jawab Mang Suadma.

Baca Juga: PDIP Ingin Kembali Hattrick di Pilkada Kuningan, Acep Purnama Mendaftar Lagi

“Kacida nya Mang, upami abdi ayeuna ngarandapan hirup sapertos kitu jigana moal tahan,” walon Si Otong, semu birigidigeun. “Nya heueuh, nu matak budak sakola di jaman now mah epes meer (teu tahan banting tur ogoan). Beda jeung jaman Mamang, ka sakola nyeker, jarang jajan, mun lapar ulin ka pecalan boled anu tas dipanen.

Sugan aya sesa boled nu katinggaleun dina pecalan, biasana sok aya boled tinggaleun lumayan keur ganjel-ganjel beuteung tamba lapar. Lamun hayang nginum, cukup nimba cai sumur, regot-regot diinum da teu nyeri beuteung ieuh,” omong Mang Suadma. “Ampun Gusti, kasangsaraan teh seepeun ku nyalira nya Mang. Namung kumaha kualitas pendidikanana tur ahlakna eta barudak?” tanya Si Otong, panasaran.

“Pokona dijamin haransi. Nu jereneng di pamarentah atawa anu nyangking kalungguhan di ieu nagara sabagian gede hasil didikan guru jeung kolot baheula. Padahal guru baheula cukup kaluar SGB atawa SGA, tapi mibanda tanggungjawab anu kawilang punjul. Ngalaksanakan tugas lain ukur ngajar maca, nulis jeung ngitung. Tapi dibarengan ku hate anu ihlas.

Baca Juga: Daftar di Partai Juara Bertahan Pemenang Pilkada Kuningan, Ridho: Beri Kesempatan Anak Muda Memimpin

Salian ngadidik, oge ngatik barudak ku budi pekerti anu hade, nu matak ka guru jeung ka kolot sarua hormatna. Euweuh kacaturkeun siswa nandasa guru tepi ka perlaya (maot). Numatak lamun hirup hayang sukses, guru jeung kolot kudu mibanda tanggungjawab anu sarua pikeun ngatik reujeung ngadidik budak.

Halaman:

Editor: Iyan Irwandi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x