Sabulangbentor: Tunda Bayar Geus Kabayar Angger Diporostel

23 Februari 2023, 09:30 WIB
Ilustrasi Sabulangbentor rubrik bahasa Sunda Kabar Cirebon ngebahas soal Tunda Bayar.* /Kabar Cirebon/

KABARCIREBON - Gegara gagal bayar unggah kana tunda bayar teu sirikna jadi kacapangan sabiwir hiji (viral kamenda-mendi).

Nu tadina teu arapaleun antukna ngabadeg nu arapaleun. Malah urang basisir laut kidul ge rea nu arapaleun ku ayana tunda bayar di lembur urang teh.

Nya meureun, kangaranan omong leuwih harus dibatan goong. Komo kangaranan beja mah sok jadi delan (gede di jalan), omongan sajeungkal bisa manjangan jadi sadeupa.

Baca Juga: Bupati Kuningan Acep Purnama: PNS Harus Miliki Nilai Sajati, Ini Maknanya

“Naha aya nu apaleun pasualan gagal bayar di lembur urang teh, nya Tong?” tanya Mang Suadma.

“Atuh kantenan, sanes arapaleun-arapaleun deui, malihan ditueun ti arapaleun, Mang!” canda Si Otong.

“Alangkara teuing, nyaho ti saha? Apanan eta mah urang luar kabopaten, sok asa piraku apal kana urusan gagal bayar, tunda bayar tur can aya nu kabayar di lembura urang,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: DMI Kuningan Ajak Dialog Pejabat Pemda Tentang Kemasjidan, Ini Hasilnya

“Ari Mamang teh kumaha, apanan ayeuna usum tehnolohi komunikasi, sagala rupi kajantenan nu aya dimana bae, tangtos bakal cepet sumebar ngaliwatan eta alat komunikasi,” walon Si Otong.

“Heueuh nya Tong, Mamang can nepi kadinya. Abong Mamang mah kurung batok, ngotokowo bae dienggon, teu apal kana kaayaan dunya luar. Nu apal teh jadwal koprek bae, warga saha anu can kabagian mondok di joglo (saung ronda) peuting ayeuna. Malum Tong,” cek Mang Suadma.

“Ari kitu kumaha Mamang naroskeun tunda bayar sagala, kumaha maksadna?” Si Otong malik nanya.

Baca Juga: Musala di Koramil Lebakwangi Dibangun, Dandim: Semua Anggota Jangan Lupa Ibadah

“Pedah we dipilemburan jenuk nu nyaritakeun gagal bayar atawa tunda bayar, Mamang mah ukur ngadedengekeun bari jeung ngagoongan,” omong Mang Suadma.

“Oh ... kitu, Mamang teu kedah turut campur kana eta masalah, margi teu apal tea mimitina,” walon Si Otong.

“Apal teu apal oge sakirana eta pasualan matak ngamenitkeun rahayat alatan tunda bayar, Mamang sok geregeteun. Naon sababna bisana kajadian gagal bayar?,"

Baca Juga: Sabulangbentor: Dasar Dunungan Boga Pakarepan, Jadi Tah Kasebut Anak Emas Atawa ABS

"Apanan kahirupan oge diatur ku aturan nagara, komo urusan pemarentahan mah geus aya aturanana anu baku sangkan bener ngajalankeunana, teu kudu aya istilah gagal bayar,".

"Tetela, najan gagal bayar geus kabayar sabagian, tapi pihak lembaga tetep masualkeun. Malahan, tina tunda bayar, najan ayeuna geus kabayar oge, angger diporostel ku nu boga wewenang dina urusan ngokolakeun duit,".

"Sugan cukup ukur mayaran sabeulah, apanan jenuk keneh nu can katutup, numatak najan tunda bayar sabagian geus dibayar, tapi angger para pihak masih keneh keukeuh peuteukeuh masualkeun (mempersoalkan) masalah tunda bayar,".

Baca Juga: Pansus DPRD Diprediksi akan Kalah Cepat dengan Pelunasan Gagal Bayar, Formatku: Tidak Jelas Obyek dan Subtansi

"Salagi tacan poldan 100 persen jigana nu morostel (mempertanyakan) tunda bayar moal waka eureun, malah bakal jadi bola salju,".

"Lamun angger can kabayarkeun kabeh bakal ngabalukarkeun masalah anyar, antukna lain ukur nguruskeun tunda bayar, bisa jadi bakal ngageser kana urusan pilihan,".

"Cek urang wetan tea mah, jaaah..... anjogna mah kana pulitik-pulitik keneh, cenah ... dhoh.....!” omong Mang Suadma, panjang lebar.(Kang Emsul/KC)

Sabulangbentor adalah rubrik bahasa Sunda yang dikelola oleh wartawan Kuningan, Eman Sulaeman atau Kang Emsul.***

Editor: Muhammad Alif Santosa

Tags

Terkini

Terpopuler