Sabulangbentor: Tunda Bayar, Geus Kabayar, Rugi Bandar

23 Februari 2023, 22:16 WIB
Ilustrasi Sabulangbentor rubrik bahasa Sunda Kabar Cirebon ngebahas soal Tunda Bayar.* /Kabar Cirebon/

KABARCIREBON - Dikira ukur para intelektual wungkul anu arapaleun sual tunda bayar di lembur urang teh.

Geuningan di warung pecel (lotek) oge sawatara masarakat awam anu rek meuli pecel nyaritakeun gagal bayar jeung tunda bayar nu kajadianana di kabopaten sejen.

Ngan bae cenah, gagal bayar di lembur batur mah teu pati ibur kawas di lembur sorangan.

Baca Juga: MyRepublic Resmi Perluass Cakupan Area ke Kota Cirebon, Kuasai 10 Ribu Titik Kompas di Sejumlah Kecamatannya

Malahan tatangga Mang Suadma, kayaning Mang Jono, sempet mere pencerahan kanu mareuli pecel kuayana tunda bayar anu kiwari jadi kacapangan sabiwir hiji (piral).

“Alhamdulillah...Mang, boh sakitu boh sakieu, abdi parantos nampi tina tunda bayar teh,” cek Si Otong.

“Sukur atuh, ari geus nampa mah, lumayan keur nyumponan sarupaning pangabutuh sapopoe,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: Usai Kabur, Remaja Indramayu DPO Kasus Curanmor Diciduk

“Namung nya kitu Mang, kangaranan artos, kenging sakitu seep, kenging sakieu kirang keneh. Asa kedah kumaha ngokolakeun pangasilan teh, seueur keneh anu teu acan katutupan,” walon Si Otong.

“Andika kudu sukuran, narima sakitu oge geus untung, tibatan teu dibayar pisan mah komo, apanan matak ticengklak,” tembal Mang Suadma.

“Leres pisan nya Mang, urang mah kedah nampi kana kaayaan, malah kudu sukuran dumeh tunda bayar sawareh tos kabayar,” omong Si Otong.

Baca Juga: Hero Tak Henti-henti Bantu Warga Kabupaten Cirebon, Pengentasan Stunting Jadi Prioritas

“Heueuh lebah can dibayar mah mani saheng laporan kaditu, bebeja kadieu, Mamang ge kabawa rudet. Pagawe lain, naon lain, Mamang mah,".

"Lebah geus calair teu embut teu renghap, kilang bara inget ka Mamang mah, keur meuli-meuli bako sebul. Bohong ketang, Mamang mah sisiwo, lain hayang dibere, tapi mun aya nu rido moal nutup panto sempit,” cek Mang Suadma.

“Geuningan Mamang nyarisona rada diplomatis, ongkoh heureuy alim nyuhunkeun, namung upami aya nu rido, moal nutup panto sempit. Kumaha maksadna eta teh?” Si Otong malik nanya.

Baca Juga: Kabupaten Cirebon Jadi Tuan Rumah Muswil Muhamadiyah Jabar, Suhada: Memiliki Kekayaan Seni dan Budaya

“Andika mah kudu disundakeun bae, kudu ngarti bae atuh Bro.....! Bohong ketang,” omong Mang Suadma.

“Mangga atuh Mang, abdi ge gaduh kanggo meser bako sagalempeng bae mah,” tembal Si Otong.

“Bohong Tong, lain kitu, Mamang mah. Ukur mangkarunyakeun kanu ngokolakeun tunda bayar,".

Baca Juga: Ini Dia Kandidat Calon Kuat Wali Kota Cirebon dari Partai Golkar

"Baruk numutkeun catetan anu kudu dibayar jumlahna ngehontal 94 Meter, tapi saprak dilaksanakeun lain sakitu jumlahna teh, bejana ngabeukahan jadi 100 Meter leuwih,".

"Eta teh kumaha cara ngitungna, meureunan bisana kajadian gagal bayar akibat tina salah ngitung (mengpar tina prediksi awal), komo lamun ngitungna ukur sorangan,".

"Dihawatirkeun ku Mamang, anu ngokolakeun tunda bayar, ayeuna sawareh geus kabayar, tapi ujung-ujungna rugi bandar,".

Baca Juga: Bupati Imron Beri Kejutan, Tebak Siapa Saja Eselon II yang Kena Mutasi, Rotasi dan Promosi

"Nya rek kumaha pakarepanana lamun tina tunda bayar, geus kabayar antukna rugi bandar. Ulah kajadian seperti kitu, sabab bakal nimbulkeun masalah anyar, gagal bayar jilid dua,” cek Mang Suadma.(Kang Emsul/KC)

Editor: Muhammad Alif Santosa

Sumber: Rubrik Sabulangbentor

Tags

Terkini

Terpopuler