SABULANG BENTOR: Sukses Keur Sorangan Keur Baturna Endi?

3 Maret 2023, 08:00 WIB
Ilustrasi /Emsul/KC/

KABARCIREBON - Anu kasebut sukses umumna ukur mandang tina pangaboga, tahta, jabatan (kalungguhan) jeung sajabana anu sipatna dumasar kana kadunyaan.

Sabalikna, jalma anu hirupna basajan (saderhana), tapi anakna saroleh/solehah, ngaji ngabakti ka indung/bapa, hade ka sasama tur picontoeun balarea, arang langka anu nyebut sukses ka eta jalma.

Kagila-gila teuing, anu didelehna teh ukur haliah dunya bae, sugan gundam jalmana teh? “Saha nu gundang Mang? Abdi asa teu rumaos gundam sapertos anu disebat tadi ku Mamang!” omong Si Otong.

Baca Juga: SABULANG BENTOR: Dipangkas-Repokusing-Rasionalisasi = Dikurud

“Lain kaula nuduh gundam ka andika, ngan jenuk (rea) nu matana tibalik atawa kapeureupeunan lamun nenjo kana hiji perkara anu sipatna dhohir (nilik kana urusan lahir),” cek Mang Suadma.

“Oh.... kitu, manawi atuh Mang. Da alam kiwari mah memang sapertos kitu. Upama ningali jalmi seueur pakayana, luhur jabatanana, rea hartana tur seueur dunya baranana, tangtos disebat jalmi sukses,” cek Si Otong.

“Da memang heueuh, rereana anu kasebut jalma sukses teh ditilik tina haliah kadunyaan bae. Ningali jalma bener nu hirupna teu hurung ragumang ku harta banda disebut biasa-biasa, malah sok diangap sapele,” tembal Mang Suadma.

Baca Juga: Sabulang Bentor, Tunda Bayar Ulah Lila Teuing Ditundana

“Leres pisan Mang, karaos ku abdi. Damel di kantor teu gaduh jabatan, pon kitu dongkap ka tempat kerja cekap kunaek angkot, atanapi ngadaplak jalan kaki, dianggapna meureunan eta jalmi taya pangaboga.

Padahal damelna sae, tara ngarugikeun batur, nurut tur sopan ka dunungan, hade ka sasama pagawe, silih hormatan jeung papada kaula, sugan aya nu nyebut sukses kana laku lampahna. Teu aya Mang!” jawab Si Otong, panjang lebar.

“Heueuh cek kaula ge ayeuna jamanna geus tibalik. Anu dihargaan teh anu luhur kuta (kalungguhan) jeung gede dunya (jalma beunghar ku pangaboga), karek dihormatan ku jalma rea.

Baca Juga: SABULANGBENTOR KUNINGAN: Bororaah Mikiran Mutasi, Ngurus APBD Ge Menit

Padahal lamun dipariksa make sistim pembuktian terbalik, bisa kanyahoan eta kakayaan anu sakitu rongkahna asal timana?” cek Mang Suadma.

“Geuning Mamag uninga pamariksaan pembuktian terbalik?” tanya Si Otong. “Kaula ge apal ngadenge tina tipi, lamun mariksa kakayaan pejabat ulah anu dilaporkeun kalawan tertulis bari jeung dibarunikeun saparo.

Nya Meureun salawasna bakal salamet tina panalangtikan pamariksan. Kaasup jalma anu kasebut sukses, ukur keur soranganeun dan keur nyukseskeun batur mah diendi atuh.

Baca Juga: Sabulangbentor: Dasar Dunungan Boga Pakarepan, Jadi Tah Kasebut Anak Emas Atawa ABS

Bororaah bisa nyukseskeun jalma rea, dalah anak buahna bae oge jenuk keneh anu hirupna pas-pasan, boa teuing papada ngantor oge ukur saongkoseun eta ge meunang anjuk hutang, upamana.

Mana komo keur nyukseskeun jalma salembur, sakampung, sadesa, sakacamatan, sakaboten jeung saterusna. Diendi teuing atuh, nu penting dirina kasebut sukses ku batur pedah ngabadeg pangabogana.

Atuh padu beunghar bae atawa boga kalungguhan/jabatan luhur da Piraon oge sukses sagala boga. Hayang andika disebut Piraon?” tanya Mang Suadma. (Kang Emsul/KC)

Editor: Iyan Irwandi

Tags

Terkini

Terpopuler