SABULANGBENTOR KUNINGAN: Bororaah Mikiran Mutasi, Ngurus APBD Ge Menit

- 27 Februari 2023, 07:45 WIB
Ilustrasi Sabulangbentor rubrik bahasa Sunda Kabar Cirebon ngebahas soal Tunda Bayar.*
Ilustrasi Sabulangbentor rubrik bahasa Sunda Kabar Cirebon ngebahas soal Tunda Bayar.* /Kabar Cirebon/

KABARCIREBON - Sakieu keur pahibut ku gagal bayar tug ka tunda bayar anu ahirna bisa kabayar najan aya nu can poldan, aya oge anu nguar-nguar rek aya mutasi.

Kagila-gila teuing, sugan geus kabelet hayang pindah ta naha, tenang bae atuh Bro...! Iraha-iraha ge mutasi atawa rotasi mah pasti aya sabab aya sababaraha jabatan anu kosong. Meureunan eta kakosongan jabatan teh kudu dieusian ku cara mutasi atawa promosi tea.

“Naha bener rek aya mutasi teh nya Tong? Kedengena meh unggal poe nu nyaritakeun mutasi teh. Jiga aya nu tajam hayang geuwat mutasi, bener atawa enya eta teh nya Tong?” tanya Mang Suadma.

Baca Juga: BMKG Mengeluarkan Rilis Prediksi Cuaca: Pekan Ini, di Cirebon Masih Berpotensi Diguyur Hujan Lebat

“Manawi atuh, Mang. Kanggo abdi mah bade mutasi atuh mangga, dina henteuna teu langkung nu gaduh kawenangan. Margi kanggo abdi mah bade aya rotasi atanapi promosi jabatan taya pangaruhna kana padamelan sadidinten. Nu penting abdi mah didamel nu hade kalawan tiasa masihan pelayanan prima ka sakumna rahayat,” jawab Si Otong.

“Alus andika, nu penting gawe bae nu bener. Ulah karasak-kurusuk nyieun manuper hayang nyangking kalungguhan (jabatan) anu katenjona baseuh. Sugan rayat ge teu nganiley ka pejabat model kitu teh, tapi duka ketang, ari milik jalma mah kawilang ghoib,"

"Aya kalana anu teu disangka-sangka ujug-ujug cle bae nyangking kalungguhananu lain pakeunana. Lebah anu dijagokeun ku balarea tur luyu jeung kahayang umum, kalah ka dibebeskeun, nya pedah naha?” tanya Mang Suadma, heran.

Baca Juga: Permudah Pelayanan, PDAM Tirta Jati Kabupaten Cirebon Buka di Mal Pelayanan Publik

“Ah duka atuh, Mamang gaduh kamandang (pendapat) sapertos kitu tebih teuing, sanes bagian abdi, margi moal kauteukan. Saupamina aya kajantenan sampertos kitu mah biasana nu aya patula patalina sareng urusan politik atanapi jalan belakang tea, oge tiasa jalan dapur,” omong Si Otong, semu blak-blakan.

Halaman:

Editor: Epih Pahlapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x