SABULANGBENTOR KUNINGAN: Bororaah Mikiran Mutasi, Ngurus APBD Ge Menit

- 27 Februari 2023, 07:45 WIB
Ilustrasi Sabulangbentor rubrik bahasa Sunda Kabar Cirebon ngebahas soal Tunda Bayar.*
Ilustrasi Sabulangbentor rubrik bahasa Sunda Kabar Cirebon ngebahas soal Tunda Bayar.* /Kabar Cirebon/

“Geuning sinarieun andika nyarita kitu, kaharti ku Mamang oge, komo mun nyaritana sasama beus kota meureunan saditueun ti kitu,” tembal Mang Suadma.

“Duka atuh, abdi mah teu tiasa ngawaler patarosan Mamang nu langkung jero, margi heurin ku letah tea,” jawab Si Otong.

Baca Juga: Prestasi Lagi, Pemkab Cirebon Raih Penghargaan dari KI Jabar

“Heueuh nya Tong, kumaha pangrasana lamun enya tea aya nu nguar-nguar rek aya mutasi bulan ieu. Apanan ari ngeusi jabatan eselon II mah dumasar aturan kiwari kudu openbiding. Apanan ari openbiding teh ti mimiti ngararancang tepi ka geprakna meakeun waragad jeung waktu mangbulan-bulan,"

"Nu matak asa pamohalan saupamana bulan ieu rek ngangkat pejabat eselon dua erek ge meureunan ukur pergeseran jabatan, teuing iraha da tepi ka kiwari ge can aya sen ti dunungan rek mutasi teh,"

"Ceuk petinggi BKD tea mah, bororaah mikiran mutasi, ngurusanan APBD ge asa menit, balas gagal bayar jeung tunda bayar tea. Balas tunda bayar ge asa paleupeur keneh, boro-boro mikiran mutasi jeung promosi, komo open biding mah,” omong Mang Suadma.(Kang Emsul/KC).***

Halaman:

Editor: Epih Pahlapi


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x