Dijajah Ku Kalakuanana Sorangan

20 Agustus 2022, 09:16 WIB

HIRUP titaun  ka taun teh asa kakejap nitra pisan. Asa kamari ieu rarasaan mieling poean  kamerdikaan teh.Komo  ningali kamujuan nagara urang anu dibewarakeun dina tv matak reueus pisan. Barudak sakolana palinter, hasil pangwangunan jlug-jleg dimana-mana, gedong sigrong mani alagreng, kahirupan manusa leuwih punjul dibanding sememeh alam kamerdikaan.

“Mamang oge atos merdika tina sagala rupi kasusah, da katingalina  sapertos nu teu gaduh kapusing,” ceuk  Si Otong.

“Ti baretoge Mamang mah merdika,” jawab Mang Sudma.

“Merdika naonana?” tanya Si Otong.

“Nya…merdika tina sagala rupana,” jawab Mang Suadma.

“Maksud merdika sagalana rupana teh kumaha, Mang?” Si Otong malik nanya.

“Heueuh pikir ku silaing, rek dagang Mamang teh teu boga modal, rek kuli pocok tanaga geus teu rosa, rek sakola lain mangsa. Nya kamana deui poharana lamun teu nangkeup tuur, ngamerdikakeun sorangan,” tembal Mang Suadma.

“Oh, kitu?”ceuk Si Otong.

“Nya heueuh. Hirup mah mending keneh baheula,” ceuk Mang Suadma.

“Gagabah teuing, apanan baheula mah dijajah ku bangsa deungeun,” omong Si Otong

“Lain masalah dijajahna, astahiam!” jawab Mang Suadma.

“Naonana atuh?” tanya Si Otong singget.

“Atuda baheula mah barangdahar nu tarareuas ge digares dumeh huntu ranggah keneh. Apanan ayeuna mah, dahar ge teu mirasa da huntu beresih alias kabeh arompong. Komo lamun ngalebok beas raskin, kalahka asa ngabaheuman tatal (panyuguan). Numatak hirup mending baheula naon bae nu dihuapkeun karasa pisan nimatna, malum harita keur meumeujeuhna buta tulang buta daging,” ceuk Mang Suadma panjang lebar.

“Oh, sugan teh merdika tina dijajah. Duka atuh ari kitu mah,” jawab Si Otong.

“Ari keur Mamang mah nya ngarasa merdika tina penjajah, oge merdika tina sagala rupana kehirupan. Bada jeung jalma alam kiwari, najan hirupna sagala boga tapi pikiran jeung hatena gulinggasahan, saperti anu dijajah ku keriweuh!” omong Mang Suadma.

“Ah…Mamang mah sok araraneh. Ongkoh sagala gaduh tapi dijajah ku kariweuh. Nya kumaha pihartoseunana?” tanya Si otong.

“Atuh nya heueuh, hirup model kitu mah karek merdika tina penjajahan,  kiwari jenuk jalma anu  pikiranana rungsing alatan dijajah ku kapusing. Upamana bae, boga hutang ka bang,  ka koprasi, hutang ka unggal jalma, malah aya nu kajiret ku rentenir sagala. Atuda bongan, iraha rek hirup merdikana da ayeuna mah rea jalma  dijajah  ku kalakuanana  sorangan. Mending kaula hirup tanpa beban, bebas tina sarupaning penjajahan,” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

Editor: Dandie Kabar Cirebon

Terkini

Terpopuler