Lamun Kabelejog Deui anu Kalima Kalina, ter...la...lu.....!

- 19 Mei 2022, 10:30 WIB

Kabar Cirebon-Online Cek kolot baheula, loba obat, loba deui panyakitna. Da baheula mah galingging panas tiris tara dibawa ka patugas medis ieu, tapi cukup dipoko ku gerus bawang, janggelek isukna cenghar deui. Beda jeung jaman kiwari loba nu pinter, tapi loba deui nu minteranana deui. Malah saking pinterna, rea jalma bener kabelojog kunu loba akal jeung ekolna.

“Atuda ari kabelejog mah teu numbuk dinu pinter atawa jalma ngarti, komo nu bodo mah, gawena ukur dibobodo bae. Nu matak sarupaning milampah pagawean kudu waspada tingal. Kahade urang salawasna kudu tetep caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket,” cek Mang Suadma.

“Nyarios naon Mamang teh, sapertos anu bade berjoang ka medan perang bae,” tembal Si Otong.

“Eta tea, Timsel kudu ati-ati. Ulah kabongbroy deui ku calon direktur anu pinter silat letah. Atawa anu omogna cowong, harus tibatan goong, sabab can karuhan anu caritaanana salangit rengkak paripolahna sarua jeung nu dicaritakeunana,” cek Mang Suadma.

“Piraku atuh Mang, Timsel oge jalmi saditueun ti pinter, sakolana oge laluhur. Pon kitu gelarna darobel, dipengkereun sareng dipayuneun namina mani rembeuy ku gelar. Malihan supados ngaraos aman, payuneun namina dipager ku hurup H,” walon Si Otong.

Halaman:

Editor: Ajay Kabar Cirebon


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah