Sangkan Pasangan
Henteu Parebut Cikal

- 8 Juni 2022, 21:24 WIB

NAJAN pilihan pangagung pitatangeheun keneh, tapi nu rek nyalonkeun jadi bapa rayat ti kiwari geus pating beleset pikeun nareangan masa. Heug-heug bae da euweuh nu nyaram ieuh, sabab eta mah diluar ring pertandingan. Beda deui lamun geus asup kana jadwal mangsa Pilkada, tangtu mun aya nu ngarempak aturan bisa diprikik. Kitu soteh mun kanyahoan ku wasit, tapi mun api-api teu nyaho, jah…..!
“Tapi nya kitu, anu disebut saengan dina sarupaning aspek kehirupan lain tukang dagang jeung pagawe anu matak pirameeun teh. Pon kitu, lain pejabat jeung tukang macul. Tapi biasana anu ngaramekeun kehirupan di alam pawenangan ieu kayaning, tukang dagang jeung tukang dagang (pebisnis jeung pebisnis), pejabat jeung pejabat, pulitisi jeung pulitisi jeung seterusna, tangtu bakal loba beda pendapatna, nya Tong?” tanya Mang Suadma.
“Oh… kitu nya Mang? Abdi mah nembe terang ayeuna, beda pendapat anu matak nimbulkeun huru hara teh?” Si Otong malik nanya.
“Waduk lah, sia teh sok api-api (pura-pura), apanan aing ge nyaho ti nyaneh,” omong Mang Suadma.
“Ha ha, hapunten Mang, abdi hilap deui kana eta ucapan teh. Leres pisan kasauran Mamang, beda pendapat adatna margi urang hirup di alam demokrasi. Namung nya kitu, upami tos benten pendapatan matak harengheng,” jawab Si Otong.
“Nya heueuh atuh! Sok geura, dina hirup kumbuh sapopoe arang langka pejabat ngomongkeun tukang macul. Apanan silih seging tur silih dupak teh pejabat jeung pejabat, pulitisi jeung pulitisi. Tara kacaturkeun pulitisi parasea jeung tukang baso, tangtu jeung papadana,” cek Mang Suadma.
“Tiasana kitu kumaha sareng sasama beus kota silih toker tur silih kentar teh Mang?” tanya Si Otong.
“Atuda eta mah adatna geus jadi hukum alam, lantaran parebut tobas tea. Komo mapag pilihan mah sagalana iwal ti dipulirisir,” cek Mang Suadma.
“Leres nya Mang, biasana timbulna pacogregan teh jeung papadana. Upamana bae, tukang beas jeung tukang beas, pejabat jeung pejabat, eselon dua jeung eselon dua, jeung saterusna. Tara aya silih salip eselon opat jeung eselon dua, nu matak anu sok rame mah jeung sasama eselon nu sami. Kumaha upami dikuatkaitkeun kana Pamilukada bopati/walikota aya relepansina, Mang”?” tanya Si Otong.
“Eta hal bisa tumerap ka saha bae. Kaasup kana pasangan bopati/wakil kota. Lamun pasanganana pulitisi jeung pulisi atawa pangusaha jeung pangusaha, kira-kira moal perebut tobas? Cek Mang Jono tea mah, sangkan pasangan pangagung anu bakal ngageugeuh dayeuh urang ulah parebut cikal, bisa bae pulitisi pasanganana jeung PNS, pangusaha jeung birokrat tulen, sabab mun jeung sasama beus kota bisa bae bakal silih salip, silih seging jeung silih sesegkeun dumasar kana sahwat pulitik masing-masing,” cek Mang Suadma.(Kang Emsul/KC)

Editor: Alif Kabar Cirebon


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah