Duit Anggaran Asa Boga Sorangan

- 11 Agustus 2022, 08:32 WIB

CEUK beja di nagara maju saniskara anggaran anu sumberna timana bae teu weleh dibewarakeun ka sakumna rahayat nu aya di eta nagri. Maksudna pikeun tranparansi jeung koreksi bisi aya kakaliruan atawa kasalahan sajeroning ngokolakeun eta waragad, sabab  kudu bener-bener dikawal sangkan eta program aya dina lungsur-langsar kalawan mere mangfaat keur sakumna rahayat.

“Eta teh di nagara mana baenya Tong, anggaran anu sakitu badagna teu sirikna diucah-aceh kabalarea sangkan sakumna rahayat nu aya di eta nagri pada mikanyaho sup-supanana keur naon-naonna. Teusieun aya nu morostel kitu kupara aktipis atawa kuparakritisi, nya Tong?” Tanya Mang Suadma.

“Bujeng-bujeng sieuneun diporostel (ditanyaan kalawan jentre), malihan ditampi kalawan kabingahan lamun aya pihak anu hoyong terang teh. Maksadna sangkan warga di eta nagara ngaraos eces tur gaduh rasa tanggungjawab kana  lumangsungna program demi kamakmuran rahayatna. Kitu manawi Mang!” jawab Si Otong.

“Aluspisannya Tong, transparansi di nagara maju mah kudu dipiconto!” ceuk Mang Suadma.

“Namina oge di nagara maju Mang, kacida diperyogikeun peran aktip sakumna masarakat enggoning ngalaksanakeun saniskara program pangwangunan teh,”walon Si Otong.

“Apanan diurang ge sarua, masarakat diperedih pikeun partisipasi aktip dina widang pangwangunan, sangkan cita-cita warga nu aya di lembur urang aya dina kamakmuran jeung karaharjaan,” ceuk Mang Suadma.

“Bentenna partisipasina di lembur urang sapertos kumaha? tanya Si Otong.

“Sarua istilah partisipasina mah, ngan aya bedana saeutik,” tembal Mang Suadma.

“Bentenna kumaha kitu? Piraku bentenna sakedik, seueur bentenna panginten,  Mang?” tanya Si Otong.

“Di urang mah mun aya nungagugujeg nanyakeun anggaran sok dibunikeun. Malahan silih sedekeun atawa silih babetkeun kanu sejen. Antukna teu nyararambung, der we kabawa riweuh kabeh.Nu teu nyaho jadi nyaho, saha nu purah ngagulak-gilek anggaran antukna arapaleun,” tembal Mang Suadma.

“Oh kitu manawi bentenna teh nya Mang?” tanya Si Otong, pura-pura teu apal.

“Waduklah…! Andika mah sok api-api, sugan kakara kajadian model kieu teh. Biasana, lamun nyekel duit anggaran sok asa boga sorangan. Nu aya teh ngan rek reuwas jeung reuwas we da sieun aya nunanyakeun pon kitu sieun kunu menta, etana duit saha? Kumaha pangrasana sugan dana pamere tinini moyangna. Cacakan duit lain bogana sorangan angger we teu tranparan. Komo lamun duit tangkurakna bisa jadi dibeunikeunana oge dina kelekna,” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

Editor: Dandie Kabar Cirebon


Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah